KAWIH 92
Tempat nu Ngamulyakeun Nami Gusti
Édisi nu Dicitak
1. Nun Huwa, kacida reueusna
Ngawangun tempat keur Gusti!
Abdi sanggakeun jeung baktikeun
Pikeun kamulyaan Gusti.
Sadaya nu abdi pasihkeun,
Harta, kabisa, upaya,
Asalna ti panangan Gusti.
Abdi iklas masihkeunna.
(REFREIN)
Abdi sanggakeun ka Ama
Ieu tempat ibadah.
Abdi baktikeun ka Ama,
Mugia Ama nampi.
2. Mugia tempat éndah ieu
Pinuh pujian ka Ama.
Seueur nu darongkap ka dieu,
Nami Ama langkung mulya.
Abdi hoyong terus ngajaga,
Enya-enya ngarawatna.
Mugia jalma anu ningal
Kajurung wanoh ka Ama.
(REFREIN)
Abdi sanggakeun ka Ama
Ieu tempat ibadah.
Abdi baktikeun ka Ama,
Mugia Ama nampi.
(Tingali ogé 1 Rja. 8:18, 27; 1 Bab. 29:11-14; Ras. 20:24.)