KAWIH 91
Berkah Digawé Sauyunan
Édisi nu Dicitak
1. Huwa, abdi ngadoa
Tina haté pangjerona.
Abdi nganuhunkeun, nyanggakeun
Sukur ka Ama.
Ama tos ngaberkahan
Upaya abdi sadaya.
Tempat keur ibadah, nu éndah,
Jadi buktina.
(REFREIN)
Kahormatan nu istiméwa
Ngawangun tempat keur Huwa.
Mugia pikeun salawasna, abdi bisa
Mawa puji ka nami Yah.
2. Digawé sauyunan
Tur ngajalin sosobatan,
Mangsa nu pohara bungahna
Nu abdi rasa.
Roh suci Yah nyarengan
Waktu gawé babarengan.
Abdi bisa muji ka Gusti
Tur diberkahan.
(REFREIN)
Kahormatan nu istiméwa
Ngawangun tempat keur Huwa.
Mugia pikeun salawasna, abdi bisa
Mawa puji ka nami Yah.
(Tingali ogé Jab. 116:1; 147:1; Rum 15:6.)