KAWIH 101
Digawé Sauyunan
Édisi nu Dicitak
1. Ku Allah urang dijait
Ti ieu dunya nu bengis
Ka kumpulan nu ngahiji,
Umat nu sajati.
Bungahna ngawula
Jeung dulur urang.
Hayu urang babarengan
Ngaréngsékeun pagawéan
Nu ditugaskeun ku Huwa,
Dibingbing Putra-Na.
2. Doa nyuhunkeun bantuan
Sangkan rukun sauyunan
Tur sahaté sapikiran,
Némbongkeun kanyaah.
Rukun jeung sasama
Matak sugema.
Allah bakal ngaberkahan
Mun urang sabilulungan;
Urang bakal t’rus satunggal,
Ngawula s’lawasna.
(Tingali ogé Mika 2:12; Sep. 3:9; 1 Kor. 1:10.)