KAWIH 102
Nulung ka nu Lemah
Édisi nu Dicitak
1. Loba pisan kakurang
Di diri urang.
Tapi Huwa maliré,
Nyaah ka urang.
Allah welas asih,
Nu lemah dijait.
Mugi urang nyonto Yah,
Nulung nu susah.
2. Upama dulur urang
Keur lemah iman,
Urang milu nalangsa
Sarta nyarengan.
Gedékeun haténa,
Kuatkeun imanna.
Yah gé masihan roh-Na
Tur kategeran.
3. Sing lembut ka nu lemah,
Ulah dihina.
Témbongkeun kahadéan
Sarta kanyaah.
Lilipur manéhna,
Pengkuhkeun haténa.
Mugia kasedihna
Sing geura sirna.
(Tingali ogé Yes. 35:3, 4; 2 Kor. 11:29; Gal. 6:2.)