KAWIH 113
Katengtreman Umat Allah
Édisi nu Dicitak
1. Sumberna katengtreman,
Allah Yéhuwa.
Yah bakal mungkas perang
Salalawasna.
Yésus Kristus, Putra-Na,
Bakal maréntah.
Katengtreman sadunya
Bakal laksana.
2. Sentak sengor, amarah,
Kabéh geus leungit.
Pedang dirobah jadi
Pakakas tani.
Urang rukun s’lawasna
Mun ngahampura,
Salaku murid Yésus,
Nyonto asihna.
3. Urang nurut ka Huwa,
Taat hukum-Na.
Mantenna ngaberkahan
Ku katengtreman.
Mugi urang sadaya,
Sing répéh-rapih,
Sangkan jalma kataji
Jadi umat Yah.
(Tingali ogé Jab. 46:10; Yes. 2:4; Yak. 3:17, 18.)