KAWIH 114
”Sing Salabar”
Édisi nu Dicitak
1. Nami Allah Yéhuwa
Digogoréng tur dihina.
Mantenna hoyong pisan
Mulyakeun nami suci-Na.
Tapi Yéhuwa sabar,
Ngantos mangabad-abad.
Mantenna henteu eureun
Némbongkeun asih-Na.
Allah hoyong sadaya
Narima kasalametan.
Mantenna terus sabar
Sangkan pangersa laksana.
2. Sabar, sipat ti Allah,
Ngabantu urang satia,
Mekarkeun sipat tenang
Sarta teu ngumbar amarah.
Téangan kahadéan
Ti unggal-unggal jalma.
Waktu nandang cocoba,
Urang bisa tabah.
Bareng jeung sipat séjén
Nu dihasilkeun roh Allah,
Kasabaran ngabantu
Urang nulad ka Yéhuwa.
(Tingali ogé Bud. 34:14; Yes. 40:28; 1 Kor. 13:4, 7; 1 Tim. 2:4.)