PALAJARAN 5
Maca kalawan Taliti
1 Timoteus 4:13
RINGKESAN: Baca ku sora nu tarik percis sakumaha nu ditulis.
CARANA:
Siapkeun bener-bener. Pikirkeun ku naon bahan éta ditulis. Pék latihan maca kelompok-kelompok kecap, lain maca sakecap-sakecap. Ati-ati ulah aya kecap nu ditambahkeun, kaliwat, atawa diganti. Tuturkeun sakabéh tanda bacana.
Ucapkeun unggal kecap sing bener. Lamun Sadérék teu nyaho cara ngucapkeun hiji kecap, pék tingali kamus, déngékeun rekaman audio publikasi, atawa tanyakeun ka batur nu macana alus.
Ngomongna sing béntés. Ulah gurunggusuh ngucapkeunana. Ulah tungkul jeung bahamna dibuka. Upayakeun pikeun ngucapkeun unggal engang.