PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • th pal. 6 kaca 9
  • Ayat Dijelaskeun

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ayat Dijelaskeun
  • Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
  • Bahan nu Sarupa
  • Panganteur Saacan Maca Ayat
    Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
  • Panutup nu Alus
    Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
  • Mangpaatna Dijelaskeun
    Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
  • Méré Informasi nu Anyar
    Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
Tingali Ogé
Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
th pal. 6 kaca 9

PALAJARAN 6

Ayat Dijelaskeun

Ayat

Yohanes 10:33-36

RINGKESAN: Ulah saukur macakeun ayat tuluy ngabahas hal nu séjén. Pastikeun batur ngarti patalina ayat nu dibaca jeung naon nu keur dibahas.

CARANA:

  • Témbongkeun kecap-kecap koncina. Sanggeus macakeun hiji ayat, tandeskeun kecap-kecap nu aya patalina langsung jeung naon nu keur dibahas. Sadérék bisa nyebutkeun deui kecap-kecapna atawa méré pananya nu ngabantu batur apal mana kecap koncina.

    Saran alus

    Lamun Sadérék ngajelaskeun ayatna ku kekecapan nu béda, pastikeun batur tetep bisa ningali patalina kecap-kecap dina Alkitab jeung naon nu keur dibahas.

  • Tandeskeun palajaranana. Sadérék tangtu boga alesan waktu rék macakeun hiji ayat, jadi jelaskeun patalina alesan éta jeung kecap konci dina ayatna.

    Saran alus

    Waktu ngabahas ayat, tetep buka Alkitab Sadérék. Ku kituna, batur bisa ningali patalina kekecapan Sadérék jeung ayat nu kakara dibaca.

  • Sing saderhana ngajelaskeunana. Ulah ngabahas rincian-rincian nu teu nyambung jeung topik utamana. Tangtukeun sabaraha loba rincian nu rék ditepikeun supaya naon nu keur dibahas téh jelas jeung kaharti ku batur. Jadi, pikirkeun naon nu geus dipikanyaho ku batur ngeunaan topik éta.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun