PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • th pal. 7 kaca 10
  • Bener jeung Bisa Dipercaya

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Bener jeung Bisa Dipercaya
  • Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
  • Bahan nu Sarupa
  • Panganteur Saacan Maca Ayat
    Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
  • Mangpaatna Dijelaskeun
    Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
  • Ngagunakeun Pananya
    Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
  • Ngageuing Haté
    Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
Tingali Ogé
Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
th pal. 7 kaca 10

PALAJARAN 7

Bener jeung Bisa Dipercaya

Ayat

Lukas 1:3

RINGKESAN: Gunakeun sumber katerangan nu bisa dipercaya sangkan batur bisa nyieun kasimpulan nu bener.

CARANA:

  • Téangan jeung paké sumber nu bisa dipercaya. Omongan Sadérék kudu dumasar kana Firman Allah, sabisa-bisa baca langsung tina Alkitab. Lamun Sadérék rék nyebutkeun fakta ilmiah, laporan berita, pangalaman, atawa bukti séjén nu bisa ngadukung, pariksa heula sumberna pikeun mastikeun yén éta bener jeung bisa dipercaya.

  • Gunakeun sing bener. Jelaskeun ayat luyu jeung kontéksna, luyu jeung sakabéh eusi Alkitab, sarta luyu jeung publikasi ti ”gandek satia jeung bijaksana”. (Mat. 24:45) Lamun Sadérék rék ngagunakeun sumber nu lain ti organisasi, éta kudu luyu jeung kontéks aslina sarta maksud nu nulis.

    Saran alus

    Ulah ngaleuwih-leuwihkeun atawa ngagedé-gedékeun fakta atawa angka. Sing ati-ati sangkan ”sababaraha jalma” ulah jadi ”kalolobaan jalma”, ”sakali-sakali” ulah jadi ”sering”, jeung ”bisa jadi kajadian” ulah jadi ”moal kajadian”.

  • Ajak batur mikir. Sanggeus macakeun ayat atawa nyebutkeun hiji sumber, béré pananya, conto, atawa ibarat nu ngabantu batur nyieun kasimpulan sorangan.

DINA DINES

Waktu persiapan rék ngawawar, pikirkeun pananya naon waé nu bisa ditanyakeun ku batur, tuluy risét kumaha ngajawabna. Lamun batur méré pananya nu teu bisa dijawab, béjakeun yén Sadérék rék ngarisét heula tuluy engké balik deui pikeun ngajawabna.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun