PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • th pal. 15 kaca 18
  • Nepikeun Bahan kalawan Yakin

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Nepikeun Bahan kalawan Yakin
  • Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
  • Bahan nu Sarupa
  • Sumanget
    Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
  • Wajar Tapi Sopan
    Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
  • Méré Informasi nu Anyar
    Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
  • Panutup nu Alus
    Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
Tingali Ogé
Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
th pal. 15 kaca 18

PALAJARAN 15

Nepikeun Bahan kalawan Yakin

Ayat

1 Tesalonika 1:5

RINGKESAN: Témbongkeun kayakinan yén nu diomongkeun ku Sadérék téh bener jeung penting.

CARANA:

  • Siapkeun sing taliti. Pék talungtik bahanna nepi ka Sadérék paham naon topik utamana jeung kumaha Alkitab ngabuktikeun hal éta. Tepikeun topik-topik utamana ku kekecapan nu saderhana. Pikirkeun naon mangpaatna keur batur. Pék ngadoa ménta roh suci.

    Saran alus

    Pék latihan ku sora nu tarik sangkan Sadérék bener-bener apal kana bahanna jeung leuwih lancar nepikeunana.

  • Tunjukkeun kayakinan dina kekecapan Sadérék. Ti batan saukur maca tulisan dina bahan, pék tepikeun ku kekecapan sorangan. Pilih kekecapan nu némbongkeun yén Sadérék yakin kana bahan nu ditepikeun.

  • Tunjukkeun kayakinan dina sikep Sadérék. Ngomongna ulah laun atawa tarik teuing. Lamun teu matak kasinggung, Sadérék bisa paadu teuteup jeung batur.

    Saran alus

    Ngomong kalawan yakin téh lain hartina poksang, maksa, atawa ngarasa bener sorangan. Sanajan kudu némbongkeun kayakinan, cara ngomong Sadérék kudu tetep soméah.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun