PALAJARAN 16
Ngagedékeun Haté jeung Positif
Ayub 16:5
RINGKESAN: Ulah teterusan ngabahas masalah, tapi bahas cara ngaréngsékeunana sarta bahas hal-hal nu ngagedékeun haté.
CARANA:
Mekarkeun pandangan nu positif ka batur. Sing yakin yén dulur-dulur saiman Sadérék téh hayang nyenangkeun Yéhuwa. Sanajan Sadérék kudu méré naséhat, sabisa-bisa puji heula maranéhna.
Watesan topik nu négatif. Urang bisa ngasupkeun topik nu négatif lamun éta aya gunana. Tapi sacara umum, naon nu ditepikeun ku Sadérék kudu positif.
Mangpaatkeun Firman Allah. Bahas naon nu enggeus, nu eukeur, jeung nu bakal dilampahkeun ku Yéhuwa pikeun umat manusa. Tuluy, gunakeun éta pikeun nguatkeun jeung ngagedékeun haté jalma-jalma nu ngadéngékeun Sadérék.