PALAJARAN 18
Méré Informasi nu Anyar
1 Korinta 9:19-23
RINGKESAN: Geuing pikiran batur sangkan maranéhna ngarasa geus diajar hiji hal nu aya paédahna.
CARANA:
Pikirkeun naon nu geus dipikanyaho ku batur. Ti batan saukur nyebutkeun deui naon nu pernah didéngé ku maranéhna, bahas topikna ti cara pandang nu béda.
Pék risét jeung lenyepan. Lamun bisa, asupkeun katerangan-katerangan nu can pernah didéngé atawa nu teu kapikir saacanna ku hadirin pikeun ngajelaskeun topik anu penting. Lenyepan bahan Sadérék sarta pikirkeun hubunganana jeung katerangan-katerangan tadi.
Témbongkeun mangpaatna. Jelaskeun kumaha prinsip-prinsip Alkitab bisa ngabantu batur dina kahirupan sapopoé. Bahas kaayaan, kabiasaan, jeung tindakan nu aya patalina langsung jeung maranéhna.