PALAJARAN 17
Gampang Kaharti
1 Korinta 14:9
RINGKESAN: Upayakeun sangkan batur ngarti kana maksud omongan Sadérék.
CARANA:
Talungtik bahanna sing taliti. Sadérék kudu bener-bener paham kana topikna, jadi Sadérék bisa ngajelaskeunana ku cara nu saderhana jeung maké kekecapan sorangan.
Gunakeun kalimah nu pondok jeung frasa nu saderhana. Sanajan kalimah nu panjang bisa digunakeun, tepikeun hal-hal nu penting maké frasa jeung kalimah nu singget.
Jelaskeun istilah nu teu umum. Sabisa-bisa ulah maké istilah nu siga kitu. Lamun Sadérék kudu nyebutkeun istilah nu teu umum, tokoh Alkitab nu teu dikenal, atawa ukuran jeung kabiasaan di jaman baheula, éta kudu dijelaskeun.