PALAJARAN 20
Panutup nu Alus
Pandita 12:13, 14
RINGKESAN: Geuing batur pikeun narima jeung ngalarapkeun naon nu diajarkeun.
CARANA:
Hubungkeun panutup Sadérék jeung topik bahasan. Sebutkeun deui topik-topik utama jeung téma bahasan Sadérék, bisa ogé ku kekecapan nu béda.
Jurung batur pikeun nyieun tindakan. Sebutkeun naon nu kudu dilampahkeun jeung jelaskeun alesanana. Tina sora Sadérék kudu kaciri yén naon nu ditepikeun ku Sadérék téh bener jeung penting.
Sing saderhana jeung singget. Ulah ngasupkeun topik-topik utama nu anyar. Ku kekecapan nu singget, jurung batur pikeun nyieun tindakan.