PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • th pal. 14 kaca 17
  • Topik Utama Ditandeskeun

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Topik Utama Ditandeskeun
  • Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
  • Bahan nu Sarupa
  • Panutup nu Alus
    Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
th pal. 14 kaca 17

PALAJARAN 14

Topik Utama Ditandeskeun

Ayat

Ibrani 8:1

RINGKESAN: Bantu hadirin supaya bisa nuturkeun hutbah Sadérék. Kudu jelas naon patalina unggal topik utama jeung tujuan tur téma hutbah Sadérék.

CARANA:

  • Boga tujuan. Pikirkeun naha tujuan hutbah Sadérék téh pikeun méré informasi, ngayakinkeun, atawa ngajurung batur. Tuluy, susun hutbah Sadérék dumasar kana tujuan éta. Pastikeun kabéh topik utamana ngadukung tujuan hutbah.

    Saran alus

    Ngeunaan naon nu rék dibahas, pék lenyepan, ’Pananya naon nu aya di pikiran hadirin? Hal naon waé nu teu bisa ditarima ku maranéhna? Mana heula nu rék dijawab?’ Dumasar kana hal-hal éta, susun hutbah Sadérék luyu jeung naon nu dipikirkeun ku hadirin. Jadi, maranéhna bisa nuturkeun hutbah, paham, jeung satuju kana informasina.

  • Tandeskeun téma hutbah Sadérék. Salila hutbah, ingetkeun hadirin kana téma hutbah ku cara nyebutkeun deui kecap koncina atawa kecap nu sarua hartina.

  • Topik utama kudu jelas jeung saderhana. Pilih topik utama nu aya patalina jeung téma sarta nu bisa ditepikeun kalawan jelas dina waktu nu geus disadiakeun. Ulah loba teuing topik utama sarta jelaskeun sing jéntré unggal topikna. Saacan ngabahas topik séjén, eureun heula sakeudeung, ulah ngadadak ganti topik.

    Saran alus

    Dina kecap panganteur, sebutkeun topik-topik utamana supaya hadirin bisa nuturkeun hutbah Sadérék atawa sebutkeun deui topik-topikna dina panutup hutbah supaya bisa diinget ku hadirin.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun