BAB 11
Carana Meunang Loba Mangpaat Waktu Maca Alkitab
Pernah teu anjeun asa kawalahan waktu rék ngagawékeun hiji hal? Ngarah teu beurat teuing, meureun anjeun moal ngagawékeunana sakaligus, tapi saeutik-saeutik. Maca Alkitab gé kitu. Meureun, anjeun bingung kudu maca nu mana heula. Dina bab ieu, urang bakal ngabahas sababaraha hal nu bisa dilakukeun supaya anjeun resep maca sarta diajar Alkitab.
1. Ku naon urang kudu rutin maca Alkitab?
Lamun urang rutin maca Alkitab, atawa ”hukum PANGERAN”, urang bakal bagja. (Baca Jabur 1:1-3.) Mun anjeun rék ngamimitian maca Alkitab, cobaan macana sababaraha menit heula, nu penting mah unggal poé. Engké mun geus biasa, anjeun bakal beuki resep maca Alkitab.
2. Urang kudu kumaha supaya meunang mangpaat waktu maca Alkitab?
Supaya meunang mangpaat saloba-lobana waktu maca Alkitab, urang kudu nyadiakeun waktu pikeun mikirkeun ayat-ayat nu dibaca ku urang. Ceuk Alkitab, urang kudu maca jeung ’ngulik’ ayat-ayatna. (Yosua 1:8) Jadi, bari maca Alkitab, anjeun bisa mikirkeun, ’Ayat ieu ngajarkeun naon ngeunaan Yéhuwa? Kumaha carana ngajalankeun naséhat ieu dina kahirupan sapopoé? Kumaha carana ngagunakeun ayat ieu pikeun mantuan batur?’
3. Kumaha supaya anjeun bisa boga waktu pikeun maca Alkitab?
Na anjeun ngarasa teu boga waktu pikeun maca Alkitab? Loba jalma gé ngarasa kitu. Pék ”gunakeun waktu aranjeun sahadé-hadéna”. (Éfésus 5:16) Pék sadiakeun waktu unggal poé pikeun maca Alkitab. Aya nu resep maca Alkitab téh isuk-isuk. Aya ogé nu resep macana pas geus rada beurang, misalna pas keur istirahat. Nu séjénna resep maca Alkitab peuting-peuting saacan saré. Kira-kira, iraha waktu nu paling cocog keur anjeun?
HAYU NGULIK
Perhatikeun kumaha carana supaya anjeun bisa resep maca Alkitab. Tingali ogé kumaha carana persiapan supaya anjeun bisa meunang leuwih loba mangpaat waktu diajar Alkitab.
Rék ngamimitian maca Alkitab téh jiga ngasaan dahareun nu anyar
4. Kumaha supaya urang bisa resep maca Alkitab?
Rék ngamimitian maca Alkitab téh meureun teu gampang. Éta téh jiga saurang jalma nu ngasaan dahareun nu anyar. Meureun mimitina mah manéhna teu pati beuki, tapi lila-lila bisa jadi beuki. Kitu ogé, urang bisa ’diajar pikeun hayang’ maca Alkitab. Baca 1 Pétrus 2:2, terus bahas:
Lamun anjeun maca Alkitab unggal poé, lila-lila anjeun bisa resep maca Alkitab teu?
Setel VIDÉO pikeun ningali kumaha sababaraha jalma jadi resep maca Alkitab, terus bahas:
Ku naon barudak ngora dina vidéo mimitina teu pati resep maca Alkitab?
Naon nu ngabantu maranéhna supaya bisa rutin maca Alkitab?
Naon nu dilakukeun ku maranéhna supaya leuwih resep maca Alkitab?
Saran-saran nu bisa dicoba:
Pilih tarjamahan Alkitab nu bisa dipercaya jeung gampang dipikaharti. Cobaan baca Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru dina basa nu dipikaharti ku anjeun.
Baca topik nu katingalina pikaresepeun. Mangga tingali bagian ”Baca Alkitab Unggal Poé.”
Tandaan ayat-ayat mana waé nu geus dibaca. Gunakeun bagian ”Ayat-Ayat nu Geus Dibaca” nu aya dina buku ieu.
Pék gunakeun aplikasi JW Library®. Anjeun bisa maca Alkitab jeung ngadéngékeun rekaman audiona di mana waé maké HP atawa alat éléktronik séjénna.
Gunakeun lampiran dina Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru. Di ditu aya péta, tabél, jeung daptar istilah nu bisa digunakeun ku anjeun ngarah leuwih resep maca Alkitab.
5. Pék persiapan saacan diajar Alkitab
Baca Jabur 119:34, terus bahas:
Ku naon urang kuduna ngadoa heula waktu rék maca Alkitab atawa waktu persiapan pikeun diajar Alkitab?
Kumaha supaya anjeun meunang loba mangpaat unggal diajar Alkitab? Bari persiapan, anjeun bisa nyobaan saran-saran ieu:
Pék baca paragrap-paragrap saacan bagian ”Hayu Ngulik”.
Baca ayat-ayatna sarta pikirkeun naon hubunganana jeung topik nu keur dibahas.
Tandaan kecap-kecap nu penting nu jadi jawaban tina unggal pananya. Jadi waktu engké dibahas babarengan, anjeun bakal leuwih gampang ngajawab pananya-pananyana.
Anjeun apal teu?
Saksi-Saksi Yéhuwa ngagunakeun sababaraha tarjamahan Alkitab, tapi nu paling sering digunakeun téh nyaéta Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru, sabab tarjamahanana bener jeung jelas. Terus di jerona aya nami Allah.—Tingali artikel ”Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Boga Alkitab Sorangan?”
AYA NU NGOMONG: ”Urang mah teu boga waktu pikeun maca jeung diajar Alkitab, jaba Alkitab téh teu kaharti.”
Ceuk anjeun kumaha?
INTI BAB
Supaya bisa meunang loba mangpaat tina Alkitab, urang kudu boga jadwal pikeun maca Alkitab. Urang gé kudu ngadoa saacan maca Alkitab sarta kudu persiapan saacan diajar Alkitab.
Nu geus dibahas
Kumaha supaya anjeun bisa meunang loba mangpaat waktu maca Alkitab?
Iraha anjeun rék nyadiakeun waktu pikeun maca jeung diajar Alkitab?
Saacan diajar Alkitab, ku naon alus mun anjeun persiapan heula?
TINGALI OGÉ
Perhatikeun saran-saran nu bisa ngabantu anjeun meunang leuwih loba mangpaat waktu maca Alkitab.
Perhatikeun tilu cara pikeun maca Alkitab.
”Naon Mangpaatna Maca Alkitab?—Bagian 1: Aya Naon Waé dina Alkitab téh?” (Artikel dina jw.org)
Kumaha carana ngarah maca Alkitab jadi pikaresepeun?
”Naon Mangpaatna Maca Alkitab?—Bagian 2: Cara Maca Alkitab nu Pikaresepeun” (Artikel dina jw.org)
Pék tingali sababaraha saran ti jalma-jalma nu geus mangtaun-taun maca Alkitab.