BAB 28
Hargaan Pangorbanan Yéhuwa jeung Nabi Isa keur Anjeun
Kumaha parasaan anjeun waktu dibéré hadiah anu istiméwa ku sobat? Meureun anjeun bakal atoh pisan sarta hayang nunjukkeun yén anjeun ngahargaan hadiah éta. Yéhuwa jeung Nabi Isa geus méré hadiah anu luar biasa keur urang, nyaéta tebusan. Kumaha urang bisa nunjukkeun panghargaan kana éta hadiah?
1. Naon salah sahiji cara pikeun nunjukkeun yén urang ngahargaan pangorbanan Allah jeung Isa Al-Masih?
Alkitab jangji yén ”unggal jalma nu boga iman ka [Isa]” bakal hirup langgeng. (Yahya 3:16) Naon maksudna boga iman? Boga iman téh teu ngan saukur percaya ka Nabi Isa. Tapi, urang gé kudu ngabuktikeun iman urang dina tindakan jeung putusan. (Yakobus 2:17) Lamun urang nunjukkeun iman urang ku ucapan jeung tindakan, sosobatan urang jeung Yéhuwa sarta Nabi Isa téh bakal beuki kuat.—Baca Yahya 14:21.
2. Dina acara istiméwa naon urang bisa nunjukkeun panghargaan kana pangorbanan Yéhuwa jeung Nabi Isa?
Dina peuting saacan Nabi Isa maot, manéhna méré nyaho murid-muridna hal naon deui nu bisa dilakukeun pikeun nunjukkeun panghargaan kana pangorbanan manéhna. Manéhna ngajak murid-muridna pikeun ngumpul sarta ngayakeun acara anu istiméwa. Dina Alkitab, acara éta disebut ”Jamuan Wengi Isa Al-Masih”, atawa disebut ogé Pangéling-ngéling Pupusna Nabi Isa. (1 Korintus 11:20) Nabi Isa hayang rasul-rasulna jeung kabéh urang Kristen nu sajati terus inget kana pangorbanan manéhna. Ku kituna, manéhna méré paréntah, ”Terus lampahkeun ieu pikeun némbongkeun maranéh inget ka urang.” (Lukas 22:19) Mun anjeun datang ka acara Pangéling-ngéling, éta nunjukkeun anjeun ngahargaan kanyaah nu luar biasa ti Yéhuwa jeung Nabi Isa.
HAYU NGULIK
Tingali cara-cara séjénna pikeun nunjukkeun panghargaan kana kanyaah nu luar biasa ti Yéhuwa jeung Nabi Isa. Tingali ogé ku naon Pangéling-ngéling Pupusna Nabi Isa téh penting pisan.
3. Carana nunjukkeun panghargaan urang
Bayangkeun aya nu pernah nulungan anjeun waktu anjeun tilelep. Na anjeun bakal poho ka jalma anu nulungan anjeun? Atawa, na anjeun bakal néangan cara pikeun nunjukkeun panghargaan ka manéhna?
Yéhuwa téh bageur pisan. Urang dibéré harepan pikeun hirup langgeng ku Anjeunna. Baca 1 Yahya 4:8-10, terus bahas:
Ku naon tebusan Nabi Isa téh hadiah anu istiméwa?
Sanggeus apal naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa jeung Nabi Isa keur anjeun, kumaha parasaan anjeun?
Kumaha carana nunjukkeun panghargaan urang ka Yéhuwa jeung Nabi Isa? Baca 2 Korintus 5:15 jeung 1 Yahya 4:11; 5:3. Unggal bérés maca hiji ayat, bahas:
Dumasar ayat ieu, naon anu bisa dilakukeun ku urang pikeun nunjukkeun panghargaan?
4. Pék conto tuladan Nabi Isa
Urang gé bisa nunjukkeun panghargaan urang ku cara nyonto tuladan Nabi Isa. Baca 1 Pétrus 2:21, terus bahas:
Ku cara naon waé anjeun bisa nuturkeun unggal léngkah Nabi Isa?
Isa resep maca Firman Allah, ngawawarkeun warta hadé, jeung nulungan batur
5. Pék datang ka Pangéling-ngéling Pupusna Nabi Isa
Jiga kumaha Jamuan Wengi Isa Al-Masih anu pangmimitina téh? Baca Lukas 22:14, 19, 20, terus bahas:
Naon nu dilakukeun ku Nabi Isa jeung rasul-rasulna dina Jamuan Wengi Isa Al-Masih?
Naon nu dilambangkeun ku roti jeung cianggur?—Tingali ayat 19 jeung 20.
Nabi Isa hayang murid-muridna ngayakeun acara Pangéling-ngéling sataun sakali dina tanggal manéhna maot. Éta sababna, unggal taun Saksi-Saksi Yéhuwa ngumpul pikeun miéling pupusna Al-Masih, sakumaha nu diparéntahkeun ku manéhna. Acarana téh jiga kumaha? Mangga setél VIDÉO, terus bahas:
Jiga kumaha acara Pangéling-ngéling téh?
Roti jeung cianggur téh lambang. Roti ngalambangkeun awak Isa nu sampurna, nu dikorbankeun demi urang. Cianggur ngalambangkeun getih manéhna
AYA NU NGOMONG: ”Nu penting mah urang boga iman ka Allah Nu Mahakawasa, urang pasti salamet.”
Kumaha carana ngagunakeun Yahya 3:16 jeung Yakobus 2:17 pikeun ngajelaskeun yén saukur boga iman ka Allah téh teu cukup?
INTI BAB
Kumaha carana ngahargaan pangorbanan Nabi Isa? Ku cara boga iman ka manéhna sarta datang ka Pangéling-ngéling Pupusna Nabi Isa.
Nu geus dibahas
Naon hartina boga iman ka Nabi Isa?
Anjeun hayang ngalakukeun naon pikeun nunjukkeun panghargaan kana pangorbanan Yéhuwa jeung Nabi Isa?
Ku naon penting pikeun datang ka acara Pangéling-ngéling Pupusna Nabi Isa?
TINGALI OGÉ
Ku lantaran Al-Masih geus maot demi urang, urang jadi kajurung pikeun ngalakukeun naon?
Manéhna Ngagunakeun Awakna pikeun Ngamulyakeun Yéhuwa (9:28)
Naon iman téh, jeung kumaha carana supaya urang bisa boga iman?
”Tunjukkeun Iman kana Jangji-Jangji Yéhuwa” (Warta Hadé Oktober 2016)
Kahirupan saurang awéwé barobah sanggeus manéhna diajar ngeunaan pangorbanan Nabi Isa. Baca kisahna dina ”Abdi Geus Teu Kasiksa ku Parasaan Salah jeung Bisa Hirup Bagja”.
Tingali ku naon nu ngadahar roti jeung nginum cianggur dina acara Pangéling-ngéling téh ngan saeutik.