BAB 47
Anjeun Geus Siap Dibaptis?
Salila ieu, anjeun geus diajar loba hal ngeunaan Yéhuwa. Meureun anjeun geus nyieun sababaraha parobahan supaya bisa ngajalankeun naon nu geus diajarkeun. Tapi, bisa waé anjeun masih ngarasa can siap pikeun ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis. Dina bab ieu, urang bakal ngabahas sababaraha hal nu biasana ngahalangan saurang jalma pikeun dibaptis jeung kumaha anjeun bisa nyanghareupanana.
1. Supaya bisa dibaptis, anjeun kudu boga pamahaman Alkitab sakumaha loba?
Supaya bisa dibaptis, anjeun kudu boga ”pangaweruh nu bener ngeunaan bebeneran”. (1 Timotius 2:4) Tapi, lain hartina anjeun kudu bisa ngajawab kabéh pananya ngeunaan Alkitab. Urang Kristen nu geus lila dibaptis gé masih terus diajar nepi ka ayeuna. (Kolose 1:9, 10) Nu penting mah, anjeun paham kana pangajaran-pangajaran dasar Alkitab. Para kokolot bakal mantuan anjeun pikeun mastikeun, anjeun geus boga pamahaman nu cukup atawa acan.
2. Supaya bisa dibaptis, anjeun kudu ngalakukeun naon waé?
Supaya bisa dibaptis, anjeun kudu ’tobat jeung balik ka Allah’. (Baca Kisah 3:19.) Maksudna, anjeun kudu bener-bener ngarasa kaduhung kana dosa-dosa anjeun sarta ménta dihampura ku Yéhuwa. Anjeun gé kudu ngajauhan hal-hal nu teu dipikaresep ku Yéhuwa sarta upaya ngarah bisa hirup nuturkeun kahayang-Na. Salian ti éta, anjeun gé kudu masamoan sarta ngawawar bareng jeung dulur-dulur saiman.
3. Ku naon anjeun teu perlu bingbang?
Sababaraha jalma sieun, bisi engké maranéhna teu bisa minuhan jangjina ka Yéhuwa. Nya, mémang kadang urang nyieun kasalahan. Hamba-hamba Allah dina jaman baheula gé osok nyieun kasalahan. Tapi Yéhuwa mah ngarti, moal mungkin hamba-Na teu pernah nyieun kasalahan. (Baca Jabur 103:13, 14.) Anjeunna téh bungah mun anjeun geus upaya pikeun ngalakukeun nu panghadéna! Anjeunna gé bakal mantuan anjeun. Yéhuwa ngayakinkeun urang yén ”moal aya nu bisa megatkeun urang tina kanyaah [Anjeunna]”.—Baca Roma 8:38, 39.
HAYU NGULIK
Urang bakal ngabahas, mun anjeun beuki kenal ka Yéhuwa jeung narima pitulung ti Anjeunna, anjeun bakal sanggup nyanghareupan hahalang pikeun dibaptis.
4. Kudu beuki kenal ka Yéhuwa
Supaya bisa dibaptis, anjeun kudu kenal heula ka Yéhuwa. Ku kituna, anjeun bakal nyaah sarta kajurung pikeun nyenangkeun Anjeunna. Setél VIDÉO pikeun ningali kumaha jalma-jalma nu diajar Alkitab di sakuliah dunya ngupayakeun supaya bisa dibaptis. Terus bahas:
Naon nu dilakukeun ku jalma-jalma dina vidéo supaya bisa dibaptis?
Baca Roma 12:2, terus bahas:
Na anjeun masih teu pati yakin kana sababaraha pangajaran Alkitab atawa masih cangcaya yén Saksi-Saksi Yéhuwa téh ngajarkeun nu bener?
Lamun enya, anjeun kudu kumaha?
5. Nyanghareupan tangtangan nu bakal datang
Lamun urang geus mutuskeun pikeun ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis, urang pasti nyanghareupan tangtangan. Pikeun ningali contona, setél VIDÉO. Terus bahas:
Narangerel meunang tangtangan naon waé?
Kumaha kanyaahna ka Yéhuwa mantuan manéhna ngéléhkeun tangtangan-tangtangan éta?
Baca Siloka 29:25 jeung 2 Timotius 1:7, terus bahas:
Naon nu ngabantu urang wani pikeun nyanghareupan tangtangan?
6. Sing yakin Yéhuwa bakal mantuan anjeun
Yéhuwa bakal mantuan anjeun pikeun ngalakukeun hal-hal nu nyenangkeun Anjeunna. Setél VIDÉO, terus bahas:
Ku naon palajar Alkitab dina vidéo ieu asa-asa pikeun dibaptis?
Manéhna jadi leuwih percaya ka Yéhuwa sanggeus diajar naon?
Baca Yesaya 41:10, 13, terus bahas:
Ku naon anjeun bisa yakin yén anjeun pasti sanggup minuhan jangji anjeun ka Yéhuwa?
7. Kudu leuwih ngahargaan kanyaah ti Yéhuwa
Lamun anjeun sering mikirkeun sakumaha nyaahna Yéhuwa ka anjeun, anjeun bakal beuki nganuhunkeun sarta hayang ngalayanan Anjeunna salilana. Baca Jabur 40:5 (NW), terus bahas:
Tina sagala berkah nu geus dibikeun ku Yéhuwa ka anjeun, anjeun paling nganuhunkeun nu mana?
Nabi Yérmia nyaah ka Yéhuwa jeung kana firman-Na. Manéhna gé bener-bener ngahargaan kahormatan pikeun jadi hambana Yéhuwa. Ceuk manéhna, ”Abdi bungah tur gumbira ku lantaran firman Gusti, Ku sabab abdi nyandang nami Gusti, nun Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.” (Yermia 15:16, NW) Jawab pananya-pananya ieu:
Ku naon jadi saurang Saksi Yéhuwa téh mangrupa kahormatan?
Na anjeun hayang dibaptis jadi saurang Saksi Yéhuwa?
Na aya hal nu ngahalangan anjeun pikeun dibaptis?
Ceuk anjeun, naon nu perlu anjeun lakukeun supaya bisa dibaptis?
AYA NU NGOMONG: ”Jigana mah abdi moal bisa minuhan kabéh jangji abdi ka Yéhuwa.”
Na anjeun gé ngarasa kitu?
INTI BAB
Ku bantuan Yéhuwa, anjeun bisa nyanghareupan hahalang pikeun dibaptis.
Nu geus dibahas
Supaya bisa dibaptis, anjeun kudu boga pamahaman Alkitab sakumaha loba?
Supaya bisa dibaptis, anjeun kudu ngalakukeun naon waé?
Ku naon anjeun teu perlu bingbang?
TINGALI OGÉ
Naon nu sakuduna jadi alesan kuat keur anjeun pikeun dibaptis?
Kumaha carana nyanghareupan hahalang pikeun dibaptis?
”Naon nu Ngahalangan Abdi Dibaptis?” (Warta Hadé Maret 2019)
Baca kumaha saurang lalaki bisa ngéléhkeun sababaraha tangtangan pikeun dibaptis.
Saurang lalaki nu ngaranna Ataa asa-asa pikeun dibaptis. Ku naon ahirna manéhna yakin pikeun dibaptis?