BAB 01
Bener Kitu Alkitab téh Aya Mangpaatna?
Loba jalma mikir, ’Ku naon urang diciptakeun? Ku naon hirup téh meni susah? Ku naon manusa maot? Ka hareupna, kaayaan di dunya téh bakal kumaha?’ Meureun anjeun gé pernah mikir kitu. Hal-hal nu penting éta téh dijawab ku Alkitab. Tapi teu ngan éta hungkul. Alkitab gé méré naséhat keur kahirupan sapopoé, misalna kumaha carana néangan napkah atawa kumaha supaya kulawarga urang bagja. Jadi, kabéh jalma téh bisa meunang mangpaat tina Alkitab.
1. Hal penting naon waé nu dijawab ku Alkitab?
Alkitab ngajawab hal-hal anu penting, saperti: Kumaha asal-usul kahirupan? Jang naon manusa diciptakeun? Ku naon jalma-jalma téh hirupna susah? Sanggeus maot, urang bakal ka mana? Kabéh jalma hayang hirup tengtrem, tapi ku naon atuh bet loba perang? Ka hareupna, na planét Bumi bakal ancur? Jutaan jalma geus meunang jawabanana tina Alkitab jeung yakin jawabanana téh bener. Anjeun gé bisa manggihan jawabanana tina Alkitab.
2. Alkitab méré naséhat naon waé keur kahirupan sapopoé?
Dina Alkitab, aya loba naséhat nu alus. Misalna, Alkitab nerangkeun kumaha carana supaya kulawarga urang bisa bagja, kumaha carana supaya urang resep kana pagawéan urang, jeung kumaha carana supaya urang teu pati strés. Nah, bari ngabahas buku ieu babarengan, anjeun bakal manggihan naséhat-naséhat éta sarta naséhat séjénna tina Alkitab. Engké meureun anjeun gé bakal ngarasakeun yén ”sakabéh eusi Kitab Suci téh . . . mangpaat”.—2 Timotius 3:16.
Publikasi ieu téh teu ngagantikeun Alkitab, justru ngajak anjeun pikeun mariksa Alkitab. Jadi, mangga baca kabéh ayat nu aya dina unggal bab. Geus kitu, bandingkeun jeung naon nu dibahas dina bab-bab éta.
HAYU NGULIK
Mangga perhatikeun kumaha jalma-jalma meunang mangpaat tina Alkitab, kumaha carana supaya urang bisa resep maca Alkitab, jeung ku naon urang butuh bantuan pikeun diajar Alkitab.
3. Alkitab méré bingbingan
Alkitab téh ibarat sénter. Sénter bisa nyaangan jalan urang. Alkitab ogé bisa nyaangan hirup urang, maksudna méré nyaho jalan hirup anu bener. Jadi, urang moal salah léngkah jeung nyaho naon nu bakal kajadian ka hareupna.
Baca Jabur 119:105, terus bahas:
Nu nulis jabur nganggap pangandika Gusti, atawa Alkitab, téh ibarat naon?
Kira-kira, ku naon nu nulis jabur nganggap Alkitab jiga kitu?
4. Alkitab ngajawab hal-hal nu penting
Aya saurang awéwé anu mikirkeun loba hal ngeunaan kahirupan. Salila mangtaun-taun manéhna néangan jawabanana, tapi teu kapanggih-panggih. Tapi, ahirna manéhna manggihan jawabanana dina Alkitab. Setél VIDÉO, terus bahas:
Éta awéwé mikirkeun hal naon waé?
Manéhna meunang mangpaat naon tina Alkitab?
Ceuk Alkitab, alus mun urang sering tatanya ngeunaan hal-hal nu penting dina kahirupan. Bisa jadi jawabanana aya dina Alkitab. Baca Matius 7:7, terus bahas:
Hal-hal penting naon nu pernah kapikir ku anjeun?
5. Anjeun bakal resep maca Alkitab
Loba jalma resep maca Alkitab jeung ngarasa éta téh aya mangpaatna. Setél VIDÉO, terus bahas:
Biasana barudak ngora resep maca teu?
Ku naon barudak ngora dina vidéo ieu jadi resep maca Alkitab?
Ayat-ayat dina Alkitab téh méré harepan jeung ngabantu urang tabah. Baca Roma 15:4, terus bahas:
Na anjeun hayang nyaho jangji-jangji nu aya dina Alkitab?
6. Batur bisa ngabantu urang pikeun paham kana eusi Alkitab
Mémang, sok aya anu resep maca Alkitab sorangan-sorangan. Tapi, sanggeus ngabahas Alkitab bareng jeung batur, loba nu jadi leuwih ngarti kana eusi Alkitab. Baca Kisah 8:26-31, terus bahas:
Kumaha supaya urang bisa ngarti kana eusi Alkitab?—Tingali ayat 30 jeung 31.
Baheula, saurang lalaki Étiopia perlu dibantuan supaya ngarti kana Kitab Suci. Ayeuna gé, loba jalma jadi ngarti kana eusi Alkitab lantaran dibantuan ku batur
AYA NU NGOMONG: ”Diajar Alkitab téh euweuh gunana.”
Kumaha ceuk anjeun?
INTI BAB
Alkitab nerangkeun hal-hal nu penting ngeunaan kahirupan jeung méré naséhat keur kahirupan sapopoé. Ayat-ayat dina Alkitab téh méré harepan jeung ngabantu urang tabah.
Nu geus dibahas
Alkitab méré naséhat ngeunaan naon waé?
Hal penting naon waé anu dijawab ku Alkitab?
Anjeun hayang diajar naon tina Alkitab?
TINGALI OGÉ
Naséhat Alkitab téh aya mangpaatna nepi ka ayeuna.
”Pangajaran Alkitab téh Salawasna Aya Mangpaatna” (Warta Hadé No. 1 2018)
Alkitab ngabantu lalaki nu ti leuleutik teu percaya diri.
Alkitab méré naséhat supaya kulawarga urang bisa bagja.
Alkitab méré nyaho saha sabenerna pangawasa ieu dunya.