KAHADÉAN Kumaha Cara Ngamekarkeunana?
URANG kabéh hayang dianggap sabagé jalma hadé. Tapi kiwari, némbongkeun kahadéan téh teu gampang. Loba jalma ”ijid ka jelema hade”. (2 Tim. 3:3) Maranéhna nyieun aturan sorangan ngeunaan naon nu hadé jeung goréng, ”goreng disebut hade, hade disebut goreng”. (Yes. 5:20) Jadi jalma hadé gé hésé lantaran kasang tukang jeung kateusampurnaan urang. Bisa jadi urang ngarasa saperti Anne.a Sanajan geus mangpuluh-puluh taun ngawula Yéhuwa, manéhna ngomong, ”Asa teu mungkin abdi jadi jalma hadé.”
Sabenerna, urang kabéh bisa ngamekarkeun kahadéan! Ieu téh salah sahiji sipat nu dihasilkeun ku roh suci Allah. Roh suci leuwih kuat ti batan tangtangan boh ti jero boh ti luar diri urang. Hayu urang bahas leuwih jéntré sipat kahadéan ieu. Urang gé bakal diajar carana ngamekarkeun sipat ieu.
NAON KAHADÉAN TÉH?
Kahadéan téh hal nu euweuh goréngna. Jalma nu hadé moralna luhur sarta lalampahanana bener. Jalma nu hadé néangan cara pikeun nulungan batur jeung ngalampahkeun hal-hal nu mawa mangpaat keur maranéhna.
Bisa jadi Sadérék ningali aya nu sok nyieun kahadéan ka sobat jeung kulawarga. Tapi, naha éta téh cukup? Alkitab nyebutkeun ”moal aya jelema anu bener sapapanjangna teu kungsi milampah salah”. (Pan. 7:20) Jadi, urang kabéh teu sampurna dina némbongkeun sipat ieu. Rasul Paulus ogé ngarasa kitu. Ceuk manéhna, ”Sim kuring ge ngarasa, diri teh henteu kaancikan ku anu hade.” (Rum 7:18) Ku kituna, pikeun ngamekarkeun sipat ieu tangtu urang kudu diajar ti Sumberna kahadéan.
YÉHUWA TÉH HADÉ
Allah Yéhuwa nangtukeun naon nu disebut hadé téh. Ngeunaan Mantenna disebutkeun, ”Gusti téh hadé, dadamelan Gusti gé hadé! Ajarkeun aturan-aturan Gusti ka abdi.” (Jab. 119:68, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Hayu urang bahas dua hal ngeunaan kahadéan Yéhuwa nu disebutkeun dina ayat éta.
Yéhuwa téh hadé. Yéhuwa moal mungkin teu hadé. Sakabéh sipat-Na aya patalina jeung kahadéan. Perhatikeun kajadian waktu Yéhuwa nyarios ka Musa, ”Sagala kamulyaan [kaasup kahadéan] Kami bakal ngaliwat ka hareupeun maneh.” Waktu kamulyaan éta ngaliwat, Musa ngadéngé kekecapan ieu, ”Kami PANGERAN, nya eta Allah anu sipat welas, sipat karunya, tara barangasan, sugih kaasih, sipat satuhu. Teguh kana jangji ka rebuan turunan, satia ngahampura dosa jeung kadorakaan. Parandene kitu moal teu ngahukum ka anak incu jelema-jelema anu marigawe dosa, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.” (Bud. 33:19; 34:6, 7) Jadi jelas yén Yéhuwa téh bener-bener hadé dina sagala hal. Sanajan Yésus téh jalma nu hadé pisan, anjeunna ngomong, ”Jelema mah taya nu hade, ngan Allah bae.”—Mar. 10:18.
Urang ningali bukti kahadéan Yéhuwa tina ciciptaan
Dadamelan Yéhuwa téh hadé. Sagala nu dilampahkeun ku Yéhuwa téh hadé. ”Mantenna sae ka unggal jalma, sarta mikawelas ka saniskara dadamelana-Na.” (Jab. 145:9) Yéhuwa hadé ka saha waé, Mantenna masihan kahirupan jeung sagala nu dibutuhkeun ku manusa pikeun tetep hirup. (Ras. 14:17) Kahadéan Allah ogé ditémbongkeun waktu Mantenna ngahampura kasalahan urang. Ceuk nu nulis jabur, ”Gusti teh langsar manah, jembar hampura.” (Jab. 86:5) Urang yakin yén ”Yéhuwa moal nahan hal-hal nu hadé ti jalma-jalma nu satia”.—Jab. 84:11, NW.
”DIAJAR NGALAMPAHKEUN NU HADÉ”
Urang diciptakeun nyeplés jeung Allah, jadi urang boga kasanggupan pikeun jadi hadé jeung ngalampahkeun nu hadé. (Kaj. 1:27) Tapi, éta teu otomatis. Yéhuwa ngajurung urang pikeun ”diajar ngalampahkeun nu hadé”. (Yes. 1:17, NW) Kumaha urang bisa ngamekarkeun sipat nu alus ieu? Urang bahas tilu carana.
Kahiji, urang kudu ngadoa ménta roh suci, nu bisa ngabantu urang Kristen ngamekarkeun kahadéan nu sajati. (Gal. 5:22) Roh Allah bisa ngabantu urang resep kana hal nu hadé jeung nampik hal nu goréng. (Rum 12:9) Malahan, Alkitab nyebutkeun yén Yéhuwa bisa nyieun urang jadi boga tékad pikeun ”nyaturkeun jeung ngalampahkeun perkara nu hade”.—2 Tes. 2:16, 17.
Kadua, urang kudu maca Firman Allah. Lamun kitu, Yéhuwa bakal ngajar urang pikeun ngalakukeun ”sagala laku lampah nu hadé”. (Sil. 2:9, NW; 2 Tim. 3:17) Ku cara maca jeung ngalenyepan Alkitab, haté urang dipinuhan ku hal-hal hadé ngeunaan Allah jeung kahoyong-Na. Ku kituna, harta rohani urang bakal nambahan, nu engkéna bisa dimangpaatkeun.—Luk. 6:45; Epe. 5:9.
Katilu, urang satékah polah ”nulad ka nu hade”. (3 Yoh. 11) Urang bisa nyonto tuladan nu aya dina Alkitab. Tangtu, tuladan nu utama mah Yéhuwa jeung Yésus. Tapi, urang ogé bisa diajar ti jalma-jalma nu katelah jalma hadé, misalna Tabita jeung Barnabas. (Ras. 9:36; 11:22-24) Sadérék bisa meunang mangpaat lamun diajar ngeunaan maranéhna tina Alkitab. Perhatikeun naon nu dilampahkeun ku maranéhna pikeun mantuan batur. Tuluy pikirkeun naon nu bisa dilakukeun ku Sadérék pikeun mantuan kulawarga jeung dulur saiman. Pék tingali naon mangpaat nu ditarima ku Tabita jeung Barnabas lantaran nyieun kahadéan. Sadérék gé bisa narima mangpaat nu sarua.
Urang ogé bisa diajar ti jalma-jalma jaman kiwari nu nyieun kahadéan. Misalna, kokolot sidang nu ”resep migawe nu hade”. Perhatikeun ogé sadérék istri nu satia nu ngajarkeun ”perkara nu hade” liwat ucap jeung lampahna. (Tit. 1:8; 2:3) Saurang sadérék istri nu ngaranna Roslyn ngomong, ”Abdi boga sobat nu resep tutulung jeung ngagedékeun haté batur di sidang. Manéhna osok mikirkeun kaayaan batur jeung sering méré hadiah nu saderhana atawa méré bantuan langsung. Ceuk abdi mah manéhna téh jalma nu hadé.”
Yéhuwa ngajurung umat-Na, ”Usahakeun migawe nu bener [atawa, nu hadé].” (Amos 5:14) Ku kituna, urang bakal mikaresep aturan-aturan-Na jeung kajurung pikeun terus ngalampahkeun nu hadé.
Urang ngupayakeun jadi jalma hadé jeung ngalampahkeun nu hadé
Ulah mikir yén urang kudu nyieun tindakan nu gedé atawa méré hadiah anu mahal pikeun némbongkeun kahadéan. Ibaratna kieu: Ceuk Sadérék, naha lukisan téh dijieun ku hiji atawa dua pulasan cét? Henteu, tukang lukis bakal nyieun loba pulasan nu leutik. Kitu ogé, kahadéan urang téh katingali tina loba tindakan nu hadé.
Alkitab ngajurung urang pikeun ”siap” ngalampahkeun nu hadé. (Tit. 3:1) Lamun urang merhatikeun kaayaan batur, urang bisa ningali cara-cara pikeun ’ngajembarkeun hate dulur supaya imanna panceg deui’. (Rum 15:2) Ieu kaasup barang béré. (Sil. 3:27) Misalna, urang ngondang batur pikeun dahar bareng atawa campur gaul. Lamun urang apal aya nu keur gering, urang bisa ngirim kartu, ngalongokan, atawa nelepon manéhna. Aya loba kasempetan pikeun ngomongkeun hal nu ”hade pokpokanana, . . . anu mangpa’at ku anu merlukeunana”.—Epe. 4:29.
Siga Yéhuwa, urang hayang hadé ka kabéh jalma, embung ngabéda-bédakeun. Salah sahiji cara utamana téh ngawawarkeun warta hadé Karajaan. Sakumaha paréntah Yésus, urang hayang nyieun kahadéan sanajan batur ngéwa ka urang. (Luk. 6:27) Euweuh salahna bageur atawa hadé ka batur lantaran ”ieu kabeh teu aya anu patukang tonggong jeung hukum”. (Gal. 5:22, 23) Lamun urang tetep hadé ka batur sanajan urang ditentang atawa ngalaman cocoba, batur bisa kataji kana bebeneran jeung ngamulyakeun Allah.—1 Pet. 3:16, 17.
BERKAHNA NYIEUN KAHADÉAN
”Jalma hade baris meunang pahla tina kahadeanana.” (Sil. 14:14) Naon waé pahlana? Lamun urang hadé ka batur, batur gé bakal bageur ka urang. (Sil. 14:22) Najan teu kitu gé, lamun urang terus hadé, sikep batur bisa barobah jadi leuleuy.—Rum 12:20.
Loba nu geus ngabuktikeun yén nyieun kahadéan jeung nyingkahan nu goréng téh loba mangpaatna. Perhatikeun pangalaman Nancy. Ceuk manéhna, ”Keur ngora mah abdi baragajulan, rucah, jeung kasar ka batur. Tapi, sanggeus diajar jeung ngalarapkeun aturan Allah, abdi jadi leuwih bagja. Ayeuna abdi jadi boga harga diri.”
Alesan utama urang ngamekarkeun kahadéan téh lantaran éta nyenangkeun Yéhuwa. Sanajan éta teu katingali ku batur, Yéhuwa mah apal. Mantenna merhatikeun lalampahan jeung pikiran urang nu hadé. (Epe. 6:7, 8) Naon hasilna? ”PANGERAN misuka jelema bener [atawa, hadé].” (Sil. 12:2) Jadi, pék terus mekarkeun kahadéan. Yéhuwa jangji, ”Ka anu hade lampah, . . . Allah bakal ngaganjar kamulyaan, kahormatan jeung kanugrahaan.”—Rum 2:10.
a Ngaran-ngaran geus diganti.