PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • w19 Juni kaca 1-32
  • Bantu Batur nu Keur Strés

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Bantu Batur nu Keur Strés
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • SING SABAR
  • SING WELAS ASIH
  • LILIPUR HATÉ BATUR
  • Sing Terus Témbongkeun Kaasih nu Langgeng
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2021
  • ”PANGERAN . . . Nyalametkeun ka Nu Pegat Pangharepan”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2020
  • Sing Inget Pamajikan Elut!
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Rut jeung Naomi
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
Tingali Ogé
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
w19 Juni kaca 1-32

ARTIKEL PALAJARAN 26

Bantu Batur nu Keur Strés

”Aranjeun kabeh sing sapaham saperasaan, silih pikaheman cara jeung dulur, silih hadean, silih elehan.”​—1 PET. 3:8.

KAWIH 107 Tuladan Asih ti Allah

NU DIBAHASa

1. Kumaha carana urang nyonto Bapa urang, Yéhuwa?

YÉHUWA kacida nyaahna ka urang. (Yoh. 3:16) Urang hayang nyonto Bapa urang nu nyaahan ieu. Jadi, urang sabisa-bisa ”sapaham saperasaan, silih pikaheman cara jeung dulur, silih hadean” ka kabéh jalma utamana ka ”batur sakapercayaan” nu kawas kulawarga urang. (1 Pet. 3:8; Gal. 6:10) Waktu aya anggota kulawarga rohani urang nu boga masalah, urang hayang nulungan maranéhna.

2. Artikel ieu bakal ngabahas naon waé?

2 Kabéh jalma nu jadi anggota kulawarga Yéhuwa bakal nyanghareupan kasusah. (Mar. 10:29, 30) Katingalina, urang bakal nyanghareupan leuwih loba masalah deui lantaran ahir dunya ieu geus téréh. Kumaha urang bisa silih tulungan? Hayu urang bahas palajaran tina kisah Alkitab ngeunaan Elut, Ayub, jeung Naomi. Urang ogé bakal ngabahas sababaraha masalah nu disanghareupan ku dulur-dulur urang kiwari jeung ngabahas carana nulungan maranéhna.

SING SABAR

3. Saperti nu disebutkeun di 2 Petrus 2:7, 8, Elut nyieun putusan salah naon jeung naon balukarna?

3 Elut nyieun putusan nu salah waktu manéhna milih cicing di antara urang Sadumu nu luar biasa cabul. (Baca 2 Petrus 2:7, 8.) Daérahna mémang makmur, tapi Elut jadi meunang loba masalah. (Kaj. 13:8-13; 14:12) Pamajikanana betah cicing di kota éta sarta nyobat jeung sababaraha jalma di dinya nepi ka manéhna teu taat ka Yéhuwa. Manéhna maot waktu Allah nurunkeun hujan seuneu jeung walirang. Pikirkeun ogé dua budak awéwé Elut. Maranéhna geus boga calon salaki nu tungtungna maot di Sadumu. Elut kaleungitan imahna, harta bandana, jeung nu paling sedih mah kaleungitan pamajikanana. (Kaj. 19:12-14, 17, 26) Dina kaayaan nu nyusahkeun ieu, naha Yéhuwa terus sabar ka Elut? Enya.

Para malaikat mawa Elut jeung kulawargana kaluar ti Sodom

Lantaran welas asih, Yéhuwa ngutus malaikat pikeun nyalametkeun Elut jeung kulawargana (Tingali paragrap 4)

4. Naon buktina Yéhuwa sabar ka Elut? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

4 Sanajan Elut milih cicing di Sadumu, Yéhuwa nunjukkeun welas asih-Na ku cara ngutus dua malaikat pikeun nyalametkeun Elut jeung kulawargana. Tapi, lainna langsung nurut kana paréntah malaikat pikeun gancang ninggalkeun Sadumu, Elut ngadon ”kaleked pisan”. Jadi, manéhna jeung kulawargana dikenyang ku malaikat sina indit. (Kaj. 19:15, 16) Maranéhna dititah kabur ka daérah pagunungan. Lainna taat ka Yéhuwa, Elut kalah ka ménta indit ka kota nu leuwih deukeut. (Kaj. 19:17-20) Yéhuwa sabar tuluy ngidinan Elut indit ka dinya. Tapi ka dieunakeun, Elut sieuneun jeung pindah ka daérah pagunungan nu saacanna geus dituduhkeun ku Yéhuwa. (Kaj. 19:30) Ieu bukti Yéhuwa téh sabar pisan! Kumaha urang bisa nyonto Mantenna?

5-6. Kumaha urang bisa nyonto Yéhuwa ku cara ngalarapkeun 1 Tesalonika 5:14?

5 Siga Elut, bisa jadi aya anggota kulawarga rohani urang nu nyieun putusan nu salah jeung keuna ku masalah beurat. Lamun kitu, urang kudu kumaha? Bisa waé kahayang urang mah langsung ngomong yén éta téh hasil pepelakanana, jeung bisa jadi mémang bener. (Gal. 6:7) Tapi, leuwih hadé lamun urang nulungan manéhna cara Yéhuwa nulungan Elut. Kumaha carana?

6 Yéhuwa ngutus malaikat lain ngan saukur pikeun ngélingan Elut tapi ogé pikeun nulungan manéhna nyalametkeun diri tina ancurna Sadumu. Kitu ogé, bisa jadi urang kudu ngélingan dulur saiman waktu ningali manéhna bakal meunang masalah. Tapi, urang ogé bisa nulungan manéhna. Sanajan manéhna teu langsung ngalarapkeun naséhat Alkitab, urang kudu sabar. Urang bisa nyonto dua malaikat éta. Ti batan langsung nyerah jeung ngajauhan dulur urang, urang kudu prak nulungan. (1 Yoh. 3:18) Urang saolah-olah ngenyang manéhna ku cara ngabantu manéhna ngalarapkeun naséhat tina Alkitab.​—Baca 1 Tesalonika 5:14.

7. Kumaha urang bisa nyonto sikep Yéhuwa ka Elut?

7 Yéhuwa bisa waé ngan merhatikeun kakurangan Elut. Tapi ka dieunakeun, Rasul Pétrus diilhamkeun pikeun nyebut Elut sabagé jalma nu hadé. Kacida bagjana urang lantaran Yéhuwa ngahampura kasalahan-kasalahan urang! (Jab. 130:3) Kumaha urang bisa nyonto sikep Yéhuwa ka Elut? Lamun urang merhatikeun sipat-sipat alus dulur saiman, urang bakal leuwih sabar ka maranéhna. Maranéhna gé bakal leuwih gampang narima bantuan urang.

SING WELAS ASIH

8. Lamun welas asih, urang kajurung pikeun ngalakukeun naon?

8 Teu siga Elut, Ayub sangsara lain ku lantaran nyieun putusan nu salah. Tapi, manéhna ngalaman musibat nu parah, kaleungitan harta bandana, kaleungitan kadudukanana di masarakat, jeung jadi gering. Nu parahna deui, kabéh budakna maraot. Ayub ogé disalah-salahkeun ku tilu sobatna nu palsu. Ku naon tilu sobatna teu welas asih ka manéhna? Salah sahiji alesanana téh lantaran maranéhna ngan ningali situasina ti luarna wungkul. Jadi, maranéhna nuduh nu henteu-henteu. Kumaha supaya urang teu nyieun kasalahan sarupa kitu? Urang kudu sadar yén ngan Yéhuwa nu apal kaayaan nu sabenerna ti saurang jalma. Déngékeun bener-bener waktu saurang jalma nyaritakeun kasusahanana. Ulah ngan saukur ngadéngékeun, rasakeun ogé kasusahanana. Mun geus kitu, kakara urang bisa rasrasan ka dulur-dulur saiman.

9. Lamun welas asih, urang moal ngalakukeun naon, jeung naon sababna?

9 Lamun welas asih, urang moal nyebarkeun gosip ngeunaan masalah batur. Jalma nu sok ngagosip bisa mecah belah sidang. (Sil. 20:19; Rum 14:19) Manéhna teu bageur jeung teu mikirkeun parasaan batur. Kekecapanana kalah ka nganyenyeri jalma nu geus sangsara. (Sil. 12:18; Epe. 4:31, 32) Leuwih alus lamun urang merhatikeun sipat-sipat hadé batur jeung mikirkeun cara nulungan maranéhna nu keur boga masalah!

Saurang kokolot ngadéngékeun sadérék nu keur keuheul nepi ka kalepasan omong; ka dieunakeun, dua sadérék ieu leumpang babarengan

Déngékeun sing sabar sanajan dulur saiman urang ”kalepasan omong”, sarta lilipur manéhna dina waktu nu cocog (Tingali paragrap 10-11)c

10. Kekecapan di Ayub 6:1-3 ngajarkeun naon ka urang?

10 Baca Ayub 6:1-3. Ayub pernah ”kalepasan omong”. Tapi, ka dieunakeun manéhna kaduhung kana omonganana. (Ayub 42:6) Siga Ayub, jalma nu keur loba masalah jeung strés bisa kalepasan omong jeung engkéna kaduhung kana omonganana. Urang kudu kumaha? Ti batan langsung ngiritik, urang kudu welas asih. Inget yén Yéhuwa teu pernah boga maksud sangkan manusa boga masalah jeung ngalaman strés. Jadi, urang maklum lamun aya hamba Yéhuwa nu ngomong sangeunahna jeung teu dipikir heula waktu keur strés. Sanajan manéhna nyebutkeun hal nu salah ngeunaan Yéhuwa atawa urang, ulah gancang ambek atawa nyalah-nyalahkeun manéhna.​—Sil. 19:11.

11. Kumaha para kokolot bisa nyonto Élihu waktu méré naséhat?

11 Sakapeung, jalma nu keur loba masalah gé butuh sababaraha naséhat jeung pépéling. (Gal. 6:1) Kumaha kokolot bisa ngalakukeunana? Maranéhna kudu nyonto Élihu nu rasrasan waktu ngadéngékeun carita Ayub. (Ayub 33:6, 7) Élihu méré naséhat sanggeus manéhna ngarti naon nu dipikirkeun ku Ayub. Kokolot nu nyonto tuladan Élihu bakal bener-bener ngadéngékeun jeung hayang ngarti kana kaayaan saurang jalma. Mun geus kitu, naséhat maranéhna bakal leuwih katarima.

LILIPUR HATÉ BATUR

12. Lantaran ditinggal maot ku salaki jeung dua budak lalakina, kumaha parasaan Naomi?

12 Naomi téh wanoja nu satia jeung nyaah ka Yéhuwa. Tapi sanggeus ditinggal maot ku salaki jeung dua budak lalakina, Naomi hayang ganti ngaran jadi ”Mara” nu hartina ”Pait”. (Rut 1:3, 5, 20, 21) Rut, minantuna Naomi, terus maturan Naomi dina mangsa nu susah éta. Rut teu ngan saukur nyadiakeun pangabutuh Naomi, tapi ogé ngalilipur manéhna. Rut ngungkabkeun kanyaah sarta dukunganana liwat kekecapan nu saderhana.​—Rut 1:16, 17.

13. Ku naon jalma nu batur hirupna maot butuh dililipur?

13 Waktu aya anggota kulawarga rohani urang nu ditinggal maot ku batur hirupna, manéhna butuh dukungan urang. Salaki pamajikan téh kawas dua tangkal nu tumuwuh babarengan. Sanggeus mangtaun-taun, akarna jadi silih kait. Waktu hiji tangkal paéh, nu hiji deui tangtu kapangaruhan pisan. Kitu ogé, waktu saurang jalma ditinggal maot ku batur hirupna, kasedihna bakal lila leungitna. Paula,b nu salakina ngadadak maot, nyarita, ”Hirup abdi jadi paburantak, abdi gé ngarasa teu walakaya. Abdi kaleungitan sobat dalit. Biasana, abdi nyaritakeun sagala hal ka salaki abdi. Mun abdi bungah, manéhna milu bungah. Mun abdi sedih, manéhna nguatkeun. Manéhna ogé daék ngadéngékeun waktu abdi nyaritakeun kasusahan abdi. Awak téh asa dibeulah dua.”

Saurang sadérék nu pamajikanana maot kalilipur waktu aya pasangan salaki pamajikan nu némbongkeun poto manéhna jeung pamajikanana

Kumaha urang bisa ngadukung dulur saiman nu ditinggal maot ku batur hirupna? (Tingali paragrap 14-15)d

14-15. Kumaha carana ngalilipur jalma nu ditinggal maot ku batur hirupna?

14 Kumaha carana ngalilipur jalma nu ditinggal maot ku batur hirupna? Mimitina, urang bisa ngobrol jeung manéhna sanajan urang ngarasa kararagok atawa bingung rék ngomong naon. Ceuk Paula, nu disebutkeun saacanna, ”Abdi ngarti lamun urang keur sungkawa, batur jadi kararagok ka urang. Maranéhna sieun salah ngomong. Tapi, leuwih parah lamun batur teu ngomong saeutik-eutik acan.” Jalma nu keur sedih teu ngarepkeun urang ngomongkeun hal-hal nu luar biasa. Paula nyarita, ”Abdi ngahargaan lamun aya nu ngomong, ’Abdi ngiring sungkawa.’”

15 William, nu pamajikanana maot sababaraha taun katukang, nyarita, ”Abdi ngahargaan lamun aya nu nyaritakeun kahadéan pamajikan abdi, abdi jadi yakin manéhna téh dipikanyaah jeung dihargaan. Ieu dukungan nu luar biasa keur abdi. Abdi jadi reugreug, pan manéhna téh jalma nu penting jeung dipikanyaah ku abdi.” Saurang randa nu ngaranna Bianca ngajelaskeun, ”Abdi ngarasa tengtrem waktu aya nu ngadoa babarengan jeung abdi sarta macakeun hiji atawa dua ayat. Abdi gé resep lamun aya nu nyarita ngeunaan salaki abdi jeung daék ngadéngékeun carita abdi.”

16. (a) Urang kudu kumaha lamun aya jalma nu ditinggal maot ku batur hirupna? (b) Numutkeun Yakobus 1:27, naon tanggung jawab urang?

16 Saperti Rut nu terus nyarengan Naomi, urang gé bisa terus ngadukung jalma nu ditinggal maot ku batur hirupna. Ceuk Paula, nu disebutkeun saacanna, ”Teu lila sanggeus salaki abdi maot, loba nu ngalilipur abdi. Tapi lila-lila, batur baralik deui kana kagiatanana masing-masing. Ari kahirupan abdi mah barobah pisan. Abdi bener-bener kabantu lamun batur ngarti jalma nu dikantunkeun téh butuh dukungan nepi ka mangbulan-bulan, malahan mangtaun-taun, sanggeusna.” Tangtu, unggal jalma téh teu sarua. Aya nu gancang nyaluyukeun diri jeung kaayaanana. Tapi, nu séjénna osok kasuat-suat unggal ngalakukeun kagiatan nu baheulana dilakukeun babarengan. Carana unggal jalma ngungkabkeun kasedihna gé béda-béda. Urang kudu inget yén urang dipasihan kahormatan jeung tanggung jawab ku Yéhuwa pikeun merhatikeun jalma nu ditinggal maot ku batur hirupna.​—Baca Yakobus 1:27.

17. Ku naon jalma nu ditinggalkeun ku batur hirupna butuh dukungan urang?

17 Sababaraha jalma nalangsa pisan jeung strés lantaran ditinggalkeun ku batur hirupna. Joyce, nu ditinggalkeun ku salakina nu salingkuh, nyarita, ”Pepegatan téh leuwih sedih ti batan ditinggal maot ku salaki. Mun maot lantaran kacilakaan atawa gering mah pan lain pilihan manéhna. Mun ieu mah manéhna nu ngahaja ninggalkeun abdi. Abdi ngarasa dihina jeung teu dihargaan.”

18. Urang bisa nyieun kahadéan naon ka dulur saiman nu geus teu boga batur hirup?

18 Lamun ngalakukeun kahadéan leutik ka dulur saiman nu geus teu boga batur hirup, urang némbongkeun yén urang nyaah ka manéhna. Manéhna téh ayeuna sorangan, jadi butuh sobat. (Sil. 17:17) Kumaha Sadérék bisa jadi sobat manéhna? Sadérék bisa ngajak dahar bareng, ngajak ulin, atawa dines. Sakali-kali, Sadérék ogé bisa ngajak manéhna milu ibadah kulawarga. Lamun éta dilampahkeun, Yéhuwa bakal bungah, ku lantaran Mantenna ”raket ka jalma nu remuk hate” jeung ”ngaraksa ka randa-randa”.​—Jab. 34:19; 68:6.

19. Bari ngalenyepan 1 Petrus 3:8, naon tékad Sadérék?

19 Sakeudeung deui, waktu Karajaan Allah maréntah bumi, kabéh ”kasangsaraan anu ka tukang-tukang ku [urang] bakal kapopohokeun”. Urang gé ngadagoan pisan waktuna ”sagala kajadian anu ka tukang-tukang geus moal kainget-inget” deui. (Yes. 65:16, 17) Bari ngadagoan, hayu urang silih dukung jeung némbongkeun kanyaah ka kulawarga rohani urang liwat ucap jeung lampah.​—Baca 1 Petrus 3:8.

NAON JAWABAN SADÉRÉK?

  • Urang diajar naon tina cara Yéhuwa nulungan Elut jeung Ayub?

  • Urang diajar naon tina pangalaman Naomi?

  • Kumaha urang bisa ngadukung dulur saiman nu geus teu boga batur hirup?

KAWIH 111 Sumber Kabungah Urang

a Elut, Ayub, jeung Naomi téh hamba Yéhuwa nu satia, tapi maranéhna pernah strés ku kasusahan hirupna. Dina artikel ieu urang bisa diajar tina pangalaman maranéhna. Urang ogé bakal ngabahas ku naon penting pikeun sabar, welas asih, jeung ngalilipur dulur saiman nu keur nyanghareupan masalah.

b Ngaran-ngaran dina artikel ieu geus diganti.

c KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék keuheul pisan nepi ka ”kalepasan omong”, tapi tetep didéngékeun ku kokolot kalawan sabar. Sanggeus sadérék éta teu ambek-ambekan deui, kakara kokolot éta méré naséhat.

d KATERANGAN GAMBAR: Pasangan salaki pamajikan nu ngora kénéh ngobrol jeung sadérék nu pamajikanana maot. Maranéhna nyaritakeun kahadéan pamajikanana.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun