IMAN Bisa Nguatkeun Urang
IMAN gedé kawasana. Contona, sanajan Sétan hayang ngaruksak hubungan urang jeung Yéhuwa, iman ”bisa mareumkeun panah-panah seuneu anu dilepas ku si Jahat”. (Epe. 6:16) Mun boga iman, urang bisa nyanghareupan masalah nu sagedé gunung. Ceuk Yésus ka murid-muridna, ”Lamun maraneh boga rasa kapercayaana sagede siki sasawi bae, maraneh bisa marentah ka ieu gunung, ’Pindah ka ditu!’ tangtu ieu gunung pindah.” (Mat. 17:20) Lantaran iman bisa nguatkeun hubungan urang jeung Yéhuwa, hayu bahas pananya-pananya ieu: Naon iman téh? Kumaha haté mangaruhan iman urang? Kumaha carana nguatkeun iman? Jeung, ka saha waé urang kudu boga iman?—Rum 4:3.
NAON IMAN TÉH?
Iman teu ngan saukur percaya kana bebeneran, sabab ”roh jahat oge percayaeun [Allah téh aya], jeung kacida galimireunana ku Mantenna”. (Yak. 2:19) Lamun kitu, naon atuh iman téh?
Urang yakin yén beurang peuting bakal aya terus, kitu ogé urang yakin firman Allah pasti laksana
Dina Alkitab, aya dua hal nu kaasup iman. Kahiji, iman hartina ”yakin enya-enya kana hal anu keur diarep-arep”. (Ibr. 11:1a) Lamun Sadérék boga iman, Sadérék bakal yakin yén sagala hal nu diucapkeun ku Yéhuwa téh bener jeung bakal laksana. Misalna, Yéhuwa nyarios ka urang Israil, ”Kami geus nyieun hiji perjangjian pikeun nangtukeun beurang jeung peuting, sangkan boh beurang boh peuting daratangna cocog dina waktu giliranana, supaya eta perjangjian ulah nepi ka teu ditetepan. Sarua keneh maksudna jeung eta, Kami geus nyieun hiji perjangjian pikeun abdi Kami Daud, yen ti turunanana salawasna bakal aya saurang anu jadi raja.” (Yer. 33:20, 21) Naha Sadérék pernah hariwang panonpoé bakal nagen nepi ka euweuh beurang atawa peuting deui? Lamun Sadérék yakin kana hukum pisika ngeunaan bumi nu terus muter dina sumbuna jeung ngurilingan panonpoé, tangtu Sadérék gé moal cangcaya yén Nu Nyiptakeun hukum-hukum ieu bakal ngalaksanakeun jangji-Na.—Yes. 55:10, 11; Mat. 5:18.
Kadua, iman hartina ”ngarasa pasti [”bukti nu jelas”, Terjemahan Dunia Baru (NW)] kana ayana hal anu henteu katembong ku panon lahir”. Jadi, iman téh bukti nu jelas sarta kuat kana hal-hal nu teu katempo atawa nu can laksana. (Ibr. 11:1b) Kumaha contona? Misalna, aya budak leutik nu nanya, ’Naha udara bener-bener aya?’ Sanajan udara teu bisa katempo, Sadérék bisa méré bukti ka budak éta yén udara téh aya, misalna urang bisa napas, aya angin, jeung sajabana. Lantaran aya buktina, budak éta bisa yakin udara téh aya sanajan teu katempo. Sarupa kitu, iman gé dumasar kana bukti nu kuat.—Rum 1:20.
IMAN GUMANTUNG KANA HATÉ URANG
Lantaran iman téh dumasar kana bukti, saurang jalma kudu boga pangaweruh ”nu sayakti” sangkan boga iman. (1 Tim. 2:4) Tapi, éta wungkul teu cukup. Rasul Paulus nulis, ”Kapan percaya teh ku hate.” (Rum 10:10, Sunda Formal) Jadi, lamun hayang boga iman, teu cukup ngan saukur percaya, tapi ogé kudu ngahargaan bebeneran. Ngan jalma nu ngahargaan bebeneran nu bakal kajurung pikeun ngajalankeun iman, atawa ngalampahkeun hal-hal nu nyenangkeun Allah. (Yak. 2:20) Saurang jalma nu teu bener-bener ngahargaan bebeneran bakal nampik bukti nu jelas. Manéhna keukeuh kana pandanganana jeung hayang muaskeun napsuna. (2 Pet. 3:3, 4; Yud. 18) Éta sababna dina jaman Alkitab, teu kabéh jalma nu ningali mujijat boga iman. (Bil. 14:11; Yoh. 12:37) Ngan jalma-jalma nu leuwih ngahargaan bebeneran ti batan kabohongan nu bakal boga iman hasil tina roh suci Allah.—Gal. 5:22, NW; 2 Tes. 2:10, 11.
KUMAHA IMAN DAUD BISA KUAT?
Salah sahiji nu imanna kuat téh Raja Daud. (Ibr. 11:32, 33) Tapi, teu kabéh kulawargana boga iman kawas Daud. Misalna, waktu Daud ngarasa teu suka ningali Goliat nangtang Israil, manéhna dicarékan ku Éliab, lanceukna. Ieu nyirikeun Éliab teu boga iman. (1 Sam. 17:26-28) Euweuh nu ti barang lahir geus boga iman atawa nu meunang warisan iman ti kolotna. Jadi, iman Daud téh hasil tina sosobatan manéhna jeung Allah.
Dina Jabur 27, Daud ngajelaskeun ku naon imanna bisa kuat. (Ay. 1) Daud ngalenyepan pangalamanana jeung carana Yéhuwa nulungan manéhna nyanghareupan musuh. (Ay. 2, 3) Manéhna ngahargaan pisan ibadah ka Yéhuwa di tabernakel. (Ay. 4) Daud ibadah babarengan jeung umat Allah di tabernakel. (Ay. 6) Manéhna ngaraketan Yéhuwa liwat doa. (Ay. 7, 8) Daud ogé hayang ditungtun ku Allah. (Ay. 11) Iman téh penting pisan keur Daud nepi ka manéhna ngomong yén manéhna moal bisa salamet lamun teu boga iman.—Ay. 13.
CARANA NGUATKEUN IMAN
Sadérék bisa boga iman kawas Daud lamun nyonto cara pikir jeung kabiasaan manéhna nu dicatet dina Jabur 27. Iman téh dumasar kana pangaweruh anu bener. Jadi, beuki loba diajar Firman Allah jeung publikasi, urang beuki gampang ngamekarkeun sipat nu dihasilkeun ku roh Allah ieu. (Jab. 1:2, 3) Sadiakeun waktu pikeun ngalenyepan Firman Allah, ku kituna panghargaan urang ka Yéhuwa bakal beuki gedé. Mingkin ngahargaan Yéhuwa, urang mingkin hayang némbongkeun iman ku cara ibadah di pasamoan jeung nguarkeun harepan urang ka batur. (Ibr. 10:23-25) Urang gé némbongkeun iman lamun ”salawasna rajin neneda jeung [teu] leutik hate”. (Luk. 18:1-8) Jadi, pék ”neneda saban waktu” ka Yéhuwa, jeung sing yakin ”Mantenna anu ngurus” urang. (1 Tes. 5:17; 1 Pet. 5:7) Iman ngajurung urang pikeun nyieun tindakan, sabalikna tindakan bisa nguatkeun iman urang.—Yak. 2:22.
IMAN KA YÉSUS
Dina peuting saacanna maot, Yésus ngomong ka murid-muridna, ”Sing percaya ka Allah, sarta sing percaya ka Kami.” (Yoh. 14:1) Jadi, urang teu saukur boga iman ka Allah, tapi ogé ka Yésus. Kumaha carana ngajalankeun iman ka Yésus? Aya tilu cara.
Naon hartina ngajalankeun iman ka Yésus?
Kahiji, anggap korban tebusan sabagé hadiah ti Allah ka urang sacara pribadi. Ceuk Rasul Paulus, ”Ieu hirup anu keur dilakonan teh, hirup reujeung percaya ka Putra Allah, anu geus ngurbankeun hirup-Na ku anjeun ku tina asih-Na ka sim kuring.” (Gal. 2:20) Lamun boga iman ka Yésus, Sadérék yakin pisan tebusan téh dasar pikeun ngahampura dosa Sadérék, méré harepan hirup abadi, jeung bukti pangkuatna yén Allah nyaah ka Sadérék. (Rum 8:32, 38, 39; Epe. 1:7) Ku kituna, Sadérék moal boga pikiran goréng deui ka diri sorangan.—2 Tes. 2:16, 17.
Kadua, raketan Yéhuwa liwat doa dumasar kana tebusan Yésus. Ku ayana tebusan, urang bisa ”ngadeuheus bari reugreug hate ka Allah anu sipat kurnia. Mantenna tangtu mikawelas jeung maparin rahmat pitulung samangsa urang perlu ku pitulung Mantenna”. (Ibr. 4:15, 16; 10:19-22) Doa bisa nguatkeun tékad urang pikeun nampik godaan ngalakukeun dosa.—Luk. 22:40.
Katilu, taat ka Yésus. Rasul Yohanes nulis, ”Saha bae anu percaya ka Putra-Na bakal meunang hirup langgeng; tapi anu teu anut ka Putra-Na, moal boga hirup, sabalikna bakal tetep aya dina hukuman Allah.” (Yoh. 3:36) Yohanes nunjukkeun yén sabalikna ti jalma nu boga iman téh jalma nu teu taat. Lamun urang boga iman ka Yésus, urang kudu taat ka anjeunna. Urang taat ka Yésus ku cara nuturkeun ”hukum Kristus”, nyaéta sakabéh pangajaran jeung paréntahna. (Gal. 6:2) Urang ogé taat ka Yésus ku cara nuturkeun pituduhna liwat ”gandek satia jeung bijaksana”. (Mat. 24:45) Lamun taat ka Yésus, urang bakal kuat nyanghareupan tangtangan nu kawas angin ribut.—Mat. 7:24, 25.
”MASING AJEG NGADEG DINA KAYAKINAN IMAN”
Saurang lalaki ngomong ka Yésus, ”Kantenan abdi percanten, mung henteu mantep. Mugi eta kapercayaan abdi teh ku Bapa disina mantep!” (Mar. 9:24) Manéhna mémang geus boga iman, tapi manéhna rendah haté jeung ngaku yén imanna kudu leuwih mantep. Siga manéhna, urang kabéh gé sakapeung lemah iman. Jadi, urang kudu nguatkeun iman ti ayeuna. Saperti nu geus dibahas, urang bisa nguatkeun iman ku cara diajar Firman Allah jeung ngalenyepanana. Ku kituna, urang bakal leuwih ngahargaan Yéhuwa. Iman urang gé bakal beuki kuat lamun urang bareng jeung dulur saiman ngajalankeun ibadah ka Yéhuwa, nguarkeun harepan urang, sarta teu eureun-eureun ngadoa. Salian ti éta, lamun urang boga iman nu kuat, urang bakal narima berkah nu gedé, nyaéta urang bakal tetep dipikaasih ku Allah.—Yud. 20, 21.
a Dina ieu artikel, kecap ”kapercayaan” atawa ”percaya” dina Kitab Suci Nganggo Basa Sunda Sadidinten ngamaksudkeun ”iman” dina basa aslina.