PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • wp20 No. 2 kaca 4-5
  • Ku Naon Urang Butuh Karajaan Allah?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ku Naon Urang Butuh Karajaan Allah?
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2020
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • JALMA MULAI MARÉNTAH JALMA SÉJÉNNA
  • NAON JALAN KALUARNA?
  • Ku Naon Aya Loba Kajahatan jeung Kasangsaraan?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Ku Naon Aya Loba Kajahatan jeung Kasangsaraan di Dunya?
    Kabar Gumbira ti Gusti!
  • Naon Tujuan Allah Pikeun Manusa?
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2020
wp20 No. 2 kaca 4-5
Adam jeung Hawa ningalikeun curug di taman Éden.

Dina pamaréntahan Allah, kabéh ciptaan bakal ngahiji jeung hirup rukun

Ku Naon Urang Butuh Karajaan Allah?

Basa mimiti manusa diciptakeun téh ngan aya hiji Pangawasa, nyaéta pribadi nu nyiptakeun urang, nu ngaranna Yéhuwa. Cara Anjeunna ngawasa téh dibarengan ku sipat kanyaah. Anjeunna nyieun imah nu éndah keur dicicingan ku manusa, nyaéta taman Éden. Allah gé nyadiakeun loba kadaharan keur maranéhna. Malah Allah nyadiakeun pagawéan anu pikaresepeun keur manusa. (Kajadian 1:28, 29; 2:8, 15) Lamun maranéhna tetep nyaah jeung taat ka Allah salaku pangawasa, maranéhna bisa hirup tengtrem.

Adam nyepeng buah nu dilarang nu ditawarkeun ku Hawa.

Pasangan manusa nu mimiti nolak Allah salaku pangawasa

Kitab Suci nyaritakeun ngeunaan saurang malaikat nu disebut Sétan si Iblis, nu nentang hak Allah salaku pangawasa. Ceuk manéhna manusa bakal leuwih bagja lamun teu nuturkeun bingbingan jeung teu diparéntah ku Allah. Hanjakalna manusa nu pangmimitina diciptakeun, Adam jeung Hawa, percaya kana omongan Sétan. Maranéhna ngabarontak ngalawan Allah.​—Kajadian 3:1-6; Wahyu 12:9.

Ku lantaran Adam jeung Hawa nolak Allah salaku pangawasana, maranéhna diusir ti taman Éden. Maranéhna gé kaleungitan kasempetan pikeun hirup langgeng sabagé manusa nu sampurna. (Kajadian 33:17-19) Putusan maranéhna ieu mangaruhan turunanana. Alkitab méré nyaho, ku lantaran Adam nyieun dosa, ”dosa asup ka dunya . . . Éta dosa mawa maot.” (Roma 5:12) Dosa gé nyababkeun masalah séjénna deui, nyaéta ”aya sawatara jelema anu nyarangking kawasa, ari nu sejenna sangsara ku lantaran kakawasaan maranehna”. (Pandita 8:9) Jadi lamun jalma maréntah jalma, masalah mah bakal terus aya.

JALMA MULAI MARÉNTAH JALMA SÉJÉNNA

Nimrod nu adigung keur nangtung. Di tukangeunana, aya jalma-jalma nu keur ngabangun.

Nimrod barontak ngalawan Yéhuwa

Dina Kitab Suci, jalma nu mimiti maréntah jalma séjénna téh nyaéta Nimrod. Manéhna barontak jeung teu daék di atur ku Yéhuwa. Ti saprak jaman Nimrod, loba jalma nu boga kawasa nyalahgunakeun kakawasaanana. Kira-kira 3.000 taun kapungkur, Raja Sulaéman nulis, ’Kami nenjo cipanon jalma-jalma anu dikaniaya, mana taya pisan anu ngabelaan, kawantu anu nganiayana teh jelema-jelema anu nyarekel kakawasaan.’​—Pandita 4:1.

Ayeuna masalahna masih kénéh sarua. Dina taun 2009, PBB nyebutkeun yén pamaréntahan nu teu bener téh ”akar masalah tina kajahatan di mana-mana”.

NAON JALAN KALUARNA?

Urang butuh pangawasa jeung pamaréntahan nu leuwih hadé. Éta téh geus dijangjikeun ku Nu Nyipta!

Gambar: Hasil ti pamaréntahan manusa. 1. Saurang awéwé Asia keur ngagéndong budakna nu keur ceurik bari diuk di jalan nu kotor. 2. Saurang lalaki nu keur gering ngagolépak di rumah sakit. 3. Para prajurit keur némbak di médan perang. 4. Jalma-jalma nu keur protés keur ngagorowok bari nyepengan spanduk. 5. Saurang awéwé jeung budakna nangtung di luar imah bari ningali kaca dina panto hareupna peupeus. 6. Kota nu pinuh ku kabel listrik jeung polusi.

Pamaréntahan manusa nu panghadéna gé, kabukti gagal sarta teu bisaeun mereskeun masalah umat manusa

Allah ngadegkeun hiji karajaan, atawa pamaréntahan, nu bakal ngagantikeun kabéh pamaréntahan manusa, jeung pamaréntahan ieu bakal ”lajeng ngadeg salalanggengna”. (Daniel 2:44) Ieu pamaréntahan nu didoakeun ku jutaan jalma. (Matius 6:9, 10) Tapi lain Allah nu bakal maréntah dina pamaréntahan ieu. Allah geus ngalantik saurang pribadi nu pernah jadi manusa pikeun maréntah. Saha pribadi nu dilantik ku Allah ieu?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun