PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • wp20 No. 3 kaca 14-15
  • Tarima Berkah-Berkah ti Gusti Nu Nyipta

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Tarima Berkah-Berkah ti Gusti Nu Nyipta
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2020
  • Bahan nu Sarupa
  • Diajar Ngeunaan Gusti ti Para Nabi
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2020
  • Naon nu Dilakukeun ku Nabi Isa di Bumi?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2020
wp20 No. 3 kaca 14-15
Rupa-rupa jalma gaul bareng di Bumi pirdaus.

”Tanah geus ngaluarkeun hasil. Allah, Allah urang, geus ngaberkahan.”​—JABUR 67:7

Tarima Berkah-Berkah ti Gusti Nu Nyipta

Gusti jangji ka Nabi Ibrahim yén salah sahiji turunan Ibrahim bakal mawa berkah keur ”bangsa-bangsa saalam dunya”. (Kajadian 22:18) Saha nu dimaksud téh?

Ampir 2.000 taun ka tukang, Gusti masihan kawasa ka saurang turunan Ibrahim, nyaéta Nabi Isa, pikeun nyieun mujijat-mujijat nu luar biasa. Mujijat-mujijat éta nunjukkeun yén Nabi Isa nu bakal mawa berkah keur bangsa-bangsa.​—Galata 3:14.

Tina mujijat-mujijat éta, jalma-jalma jadi apal yén Nabi Isa téh pribadi nu dipilih ku Gusti pikeun mawa berkah keur manusa. Jalma-jalma gé jadi apal berkah naon waé nu bakal dipasihkeun ku Gusti ka manusa. Perhatikeun kumaha mujijat-mujijat Nabi Isa nunjukkeun sipat-sipatna nu hadé.

Lemah lembut—Nabi Isa nyageurkeun nu gering.

Hiji poé, aya jalma nu keuna panyakit kulit nu parah ménta tulung ka Nabi Isa, hayang dicageurkeun. Nabi Isa nyabak manéhna, terus ngomong, ”Heug, geura cageur.” Harita kénéh, les panyakitna leungit.​—Markus 1:40-42.

Béréhan—Nabi Isa méré dahar nu lapar.

Nabi Isa teu téga ningali jalma-jalma kalaparan. Teu ngan sakali anjeunna nyieun mujijat pikeun méré dahar rébuan jalma, ngan ku sababaraha roti jeung lauk leutik. (Mateus 14:17-21; 15:32-38) Jalma-jalma dahar nepi ka sareubeuh. Terus, sésa dahareunana téh loba pisan.

Karunyaan—Nabi Isa ngahirupkeun deui nu maot.

Aya saurang randa nu ngan boga hiji putra, tapi putrana maot. Randa éta geus teu boga sasaha deui. Lantaran ”kacida welaseuna-Na”, Nabi Isa ngahirupkeun deui putrana.​—Lukas 7:12-15.

BERKAH-BERKAH LANGGENG DI BUMI

Nabi Isa geus némbongkeun yén Gusti boga kawasa keur ngaberkahan manusa. Moal lila deui, Nabi Isa bakal datang deui ka Bumi. Liwat anjeunna, Gusti Nu Mahakawasa bakal masihan berkah-berkah nu jauh leuwih hadé keur sakuliah Bumi!

Bakal kumaha kahirupan di Bumi pas Gusti ngawujudkeun jangji-Na ka Nabi Ibrahim? Nu nyaah jeung ngahargaan Gusti bakal ”kawaris Bumi” sarta ”hirupna bagja pisan”. (Jabur 37:11, Terjemahan Dunia Baru) ”Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui.”​—Wahyu 21:4.

Éta téh berkah nu luar biasa! Urang bakal hirup langgeng jeung tengtrem di Bumi! Tapi, masih aya kénéh berkah séjénna nu bakal dipasihkeun ku Gusti ka manusa. Pikeun katerangan leuwih loba, mangga buka www.jw.org/su.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun