PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • wp20 No. 3 kaca 13
  • Berkah-Berkah keur Jalma nu Resep Tutulung

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Berkah-Berkah keur Jalma nu Resep Tutulung
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2020
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • CEUK KITAB SUCI
  • NAON HARTINA NULUNGAN BATUR NU KEUR SUSAH?
  • Jadi ”Urang Samaria nu Bageur” téh Maksudna Kumaha?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Misil ngeunaan Urang Samaria nu Bageur
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2018
  • Kahadéan Haté—Sipat nu Katémbong dina Ucap jeung Lampah
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2020
wp20 No. 3 kaca 13
Saurang lalaki keur nuduhkeun jalan dina péta ka jalma séjén.

Daék teu anjeun nulungan batur nu umur, bangsa, sarta agamana béda ti anjeun?

Berkah-Berkah keur Jalma nu Resep Tutulung

Di dunya ieu, loba jalma nu kakurangan dahareun jeung teu boga panyicingan. Aya ogé nu pegat pangharepan. Gusti hayang urang mantuan maranéhna. Mun urang ngalakukeunana, Gusti bakal ngaberkahan urang.

CEUK KITAB SUCI

”Barang bere ka nu miskin ibarat nginjeumkeun ka PANGERAN. Mantenna nu baris ngabalesna.”​—SILOKA 19:17.

NAON HARTINA NULUNGAN BATUR NU KEUR SUSAH?

Nabi Isa nyaritakeun kisah ngeunaan saurang lalaki nu diserang jeung dirampog, terus diculkeun sina maot. (Lukas 10:29-37) Tuluy aya jalma nu teu dikenal, eureun jeung ngubaran manéhna. Éta jalma daékeun nulungan, sanajan suku bangsana béda ti lalaki tadi.

Jalma nu bageur éta teu ngan saukur ngubaran jeung nyadiakeun pangabutuh lalaki tadi. Jalma éta gé nguatkeun manéhna.

Urang diajar naon tina kisah ieu? Nabi Isa hayang urang sabisa-bisa nulungan batur nu keur susah. (Siloka 14:31) Kitab Suci ngajelaskeun yén moal lila deui, Gusti bakal nyingkirkeun kalaparan jeung kasangsaraan. Meureun urang mikir, iraha jeung kumaha carana? Bagian saterusna bakal ngabahas berkah-berkah nu geus disadiakeun ku Nu Nyipta keur anjeun.

”GUSTI TEU PERNAH NINGGALKEUN ABDI”!

Dicaritakeun ku saurang pangungsi ti Gambia

”Waktu datang ka Eropa, abdi teu boga nanaon. Abdi pangangguran, teu boga duit, jeung teu boga imah. Pangajaran tina Kitab Suci ngabantu abdi jadi jalma nu leuwih hideng, getol digawé, jeung resep nulungan batur, teu ngan punta-pénta wungkul. Gusti teu pernah ninggalkeun abdi. Abdi geus ngarasakeun sorangan berkah ti Gusti!”

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun