HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | YOHANES 3-4
Yésus Méré Kasaksian ka Awéwé Samaria
4:6-26, 39-41
Kumaha carana Yésus méré kasaksian teu resmi?
4:7—Yésus teu langsung ngomongkeun Karajaan Allah atawa ngenalkeun diri sabagé Mésias, tapi anjeunna ngamimitian ngobrol ku ménta cai inum
4:9—Yésus teu goréng sangka sanajan awéwé Samaria éta asalna ti bangsa séjén
4:9, 12—Waktu éta awéwé ngomongkeun hal nu matak piributeun, Yésus teu kapancing, anjeunna tetep ngabahas hal nu rék ditepikeun.—cf-IN 77 ¶3
4:10—Yésus ngamimitian obrolan ku nyaritakeun misil ngeunaan kagiatan sapopoé éta awéwé
4:16-19—Sanajan éta awéwé hirup rucah, Yésus tetep ngahargaan manéhna
Kumaha kisah ieu ngajarkeun pentingna méré kasaksian teu resmi?