PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb18 Séptémber kaca 8
  • Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Ngajak Ngobrol Sangkan Bisa Méré Kasaksian

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Ngajak Ngobrol Sangkan Bisa Méré Kasaksian
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2018
  • Bahan nu Sarupa
  • Carana Ngamimitian Obrolan Maké Risalah
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2018
mwb18 Séptémber kaca 8

KAHIRUPAN KRISTEN

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang​—Ngajak Ngobrol Sangkan Bisa Méré Kasaksian

Yésus bisa méré kasaksian teu resmi ka awéwé Samaria sabab anjeunna ngajak ngobrol éta awéwé ti heula. Kumaha urang bisa ningkatkeun kamampuh pikeun ngajak ngobrol batur nu teu dikenal?

Yésus ngajak ngobrol awéwé Samaria di gigireun sumur
  • Sing soméah waktu ngajak ngobrol batur. Sanajan capé, Yésus ngajak ngobrol ku ménta cai inum. Jadi, Sadérék ogé bisa ngamimitian obrolan, misalna ku ngucapkeun salam. Sanggeusna, Sadérék bisa waé ngobrolkeun cuaca atawa hal-hal nu anyaran kajadian. Inget, tujuan mimitina téh pikeun ngajak ngobrol wungkul, jadi bahas hal-hal nu katingalina bakal dipikaresep ku éta jalma. Lamun teu digugu, ulah kuciwa. Cobaan deui ka nu séjén. Pék ménta kawani ka Yéhuwa.​—Neh. 2:4; Ras. 4:29.

  • Tingali mun aya kasempetan pikeun nguarkeun warta hadé, tapi ulah gurung gusuh. Urang kudu ngajaga obrolanana tetep ngeunaheun. Sabab lamun Sadérék maksakeun hiji topik, éta jalma bisa ngarasa risi jeung embung ngobrol deui. Ulah leutik haté lamun obrolan kaburu enggeusan saacan Sadérék méré kasaksian. Lamun Sadérék kaburu geumpeur saacan méré kasaksian teu resmi, pék cobaan ngajak ngobrol batur ti heula, ulah mikir kudu méré kasaksian. [Setél jeung bahas vidéo 1.]

  • Jieun kasempetan pikeun méré kasaksian ku nyaritakeun iman Sadérék, supaya batur kageuing pikeun nanya. Yésus ngomongkeun hal nu ngageuing éta awéwé pikeun nanya. Ngan ku ngajawab pananya-pananya éta awéwé, Yésus geus nguarkeun warta hadé. [Setél jeung bahas vidéo 2, terus setél jeung bahas vidéo 3.]

Dua awéwé ulin tangkeup bal

Ngajak ngobrol batur téh siga keur ulin bal. Sahenteuna kudu aya dua jalma, aya nu ngalungkeun, aya nu néwak. Pék ”alungkeun” kekecapan ti heula, terus tingali naha Sadérék bisa neruskeun obrolan.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun