HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | YOHANES 20-21
”Enya Hidep Nyaah ka Kami Leuwih ti Nu Sejen?”
21:1-19
Dina jaman Alkitab, tukang ngala lauk téh bisa beubeunangan lamun sabar, getol digawé, jeung daék susah payah demi meunangkeun hasil nu alus. (w12-IN 1/8 18-20) Sipat-sipat saperti kitu nu bisa ngabantu Pétrus pikeun suksés ngala jelema. Tapi, Pétrus kudu mutuskeun naon nu rék diutamakeun, naha rék ngutamakeun karesepna jadi tukang ngala lauk atawa rék méré kadaharan rohani ka murid-murid Yésus.
Naon nu geus dikorbankeun ku Sadérék demi ngutamakeun kapentingan Karajaan?