PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb19 Pébruari kaca 8
  • Sing Terus Ngarep-Ngarep bari Tabah Ngadagoan

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Sing Terus Ngarep-Ngarep bari Tabah Ngadagoan
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2019
  • Bahan nu Sarupa
  • Ulah Kaleungitan Pahala!
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Yéhuwa Mantuan Urang Supaya Tetep Tabah Nyanghareupan Kasusah
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2023
  • Carana Tetep Bungah Najan Aya Cocoba
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2021
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2019
mwb19 Pébruari kaca 8

KAHIRUPAN KRISTEN

Sing Terus Ngarep-Ngarep Bari Tabah Ngadagoan

Geus sabaraha lila Sadérék ngadagoan Karajaan Allah datang? Naha Sadérék geus tabah ngadagoan sanajan loba kasusah? (Rum 8:25) Sababaraha urang Kristen dipikangéwa ku batur, dikaniaya, dipanjara, malah aya nu diancam rék dipaéhan. Aya loba ogé nu nyanghareupan panyakit nu parah atawa beuki ngolotan.

Naon nu bisa ngabantu urang terus ngarep-ngarep sanajan loba tangtangan? Urang kudu ngalatih iman urang sangkan tetep kuat ku cara maca Alkitab jeung ngalenyepanana. Urang kudu nyekel pageuh harepan urang. (2Kor 4:16-18; Ibr 12:2) Urang kudu rendah haté ngadoa ka Yéhuwa sarta ménta kakuatan ti roh suci-Na. (Luk 11:10, 13; Ibr 5:7) Sabagé Bapa nu welas asih, tangtu Mantenna bisa ngabantu urang ”sabar tawekal nandangan sagala cocoba, dibarengan ku kabungah”.​—Kol 1:11-12.

TONGTON VIDÉO URANG KUDU TABAH—SING YAKIN BAKAL MEUNANGKEUN HADIAH, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Deni jeung pamajikanana keur dines

    Naon ”kajadian nu teu disangka-sangka” nu bisa muncul dina hirup urang? (Pan 9:11, NW)

  • Sanggeus Deni keuna stroke, Toni nunjukkeun hiji ayat ka manéhna

    Kumaha doa bisa ngabantu urang waktu aya tangtangan?

  • Deni jeung Toni keur nguatkeun pasangan salaki pamajikan

    Lamun urang geus teu bisa ngawula Yéhuwa siga baheula, ku naon urang sakuduna mikirkeun nu masih bisa dilakukeun ku urang?

  • Deni ngabayangkeun jadi séhat deui di Pirdaus

    Sing terus teuteup hadiahna

    Naon nu bisa ngabantu Sadérék terus yakin bakal meunangkeun hadiah?

Kumaha urang bisa ngabantu batur jeung kulawarga manéhna nu keur nyanghareupan tangtangan?

  • Pilih kekecapan nu hadé sarta ulah ngabanding-bandingkeun maranéhna jeung batur

  • Déngékeun waktu manéhna nyarita

  • Doakeun maranéhna sarta doa bareng jeung maranéhna

  • Béré dahareun jeung bantu bersihan imahna

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun