KAHIRUPAN KRISTEN
Bantuan keur Sadérék-Sadérék di Karibia
Saperti umat Allah di abad kahiji, ayeuna urang ogé boga tugas istiméwa pikeun némbongkeun kanyaah ka sadérék-sadérék urang nu keur ngalaman musibat alam. (Yoh 13:34, 35) Tongton vidéo Kanyaah Dibuktikeun ku Méré Bantuan di Pulo-Pulo pikeun ningali kumaha urang Kristen nulungan sadérék-sadérék di Karibia. Terus, jawab pananya-pananya di handap:
Naon balukar tina Topan Irma jeung Topan Maria ka sadérék-sadérék urang di Karibia?
Kumaha Yéhuwa ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun mantuan sadérék-sadérék urang di Karibia?
Ningali dulur-dulur saiman nu sakitu nyaahna, kumaha parasaan sadérék-sadérék nu keuna musibat ieu?
Aya sabaraha loba dulur-dulur saiman nu milu mantuan di Karibia?
Kumaha urang masing-masing bisa milu méré bantuan ka dulur-dulur saiman?
Sanggeus nongton, kumaha parasaan Sadérék jadi bagian tina organisasi nu pinuh ku kanyaah ieu?