HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | 1 PETRUS 3-5
”Sagala Perkara Geus Deukeut kana Panganggeusan”
4:7-9
Sakeudeung deui urang bakal nyanghareupan mangsa cilaka nu can pernah kajadian. Kumaha urang bisa tetep satia, boh ayeuna boh di mangsa kahareup?
Rutin ngadoa. Gunakeun sagala bentuk doa, saperti muji, ngucap sukur, jeung neneda
Mekarkeun kanyaah sarta terus kuatkeun sosobatan jeung sadérék-sadérék Kristen
Sing resep narima tamu
PÉK PIKIRKEUN, ’Naon waé nu bisa dilakukeun ku abdi sangkan bisa leuwih némbongkeun kanyaah jeung leuwih resep ngabagéakeun sadérék-sadérék di sidang sarta di sakuliah dunya?’