KAHIRUPAN KRISTEN
Meunangkeun Haté ku Laku Lampah Murni jeung Sikep Hormat
Lantaran laku lampah hadé ti pamajikan Kristen, loba salaki daék narima bebeneran. Tapi, bisa jadi butuh katabahan mangtaun-taun. (1Pet 2:21-23; 3:1, 2) Lamun ngalaman kateuadilan, Sadérék perlu terus nalukkeun nu jahat ku nu hadé. (Rum 12:21, SF) Bisa jadi salaki embung ngadéngékeun omongan Sadérék ngeunaan Yéhuwa. Tapi, pandanganana bisa barobah lamun ningali laku lampah hadé Sadérék.
Upayakeun pikeun paham kana cara pandang batur hirup Sadérék. (Pil 2:3, 4) Témbongkeun sikep saperasaan sarta welas asih, jeung jalankeun tanggung jawab saurang pamajikan. Sadérék kudu resep ngadéngékeun batur hirup. (Yak 1:19) Sing sabar, yakinkeun manéhna yén Sadérék cinta ka manéhna. Sanajan batur hirup teu hormat jeung teu némbongkeun kahadéan siga Sadérék, Sadérék bisa tetep bagja lantaran Yéhuwa ngahargaan kasatiaan Sadérék.—1Pet 2:19, 20.
TONGTON VIDÉO YÉHUWA NGUATKEUN URANG SANGKAN BISA NYANGHAREUPAN TANGTANGAN, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:
Kumaha kahirupan Grace Li basa kakara nikah?
Ku naon manéhna kataji kana bebeneran Alkitab?
Kumaha Sadérék Li tabah dina nyanghareupan kasusah sanggeus manéhna dibaptis?
Naon nu didoakeun ku Sadérék Li ngeunaan salakina?
Lantaran némbongkeun hormat jeung laku lampahna murni, berkah naon nu ditarima ku Sadérék Li?
Laku lampah nu murni jeung sikep nu hormat téh gedé pangaruhna!