KAHIRUPAN KRISTEN
Carana Ngamimitian Obrolan Maké Risalah
Ti saprak Januari 2018, dina sampul Jurnal Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan, aya conto-conto bahasan. Urang dijurung pikeun mikirkeun carana ngajak ngobrol jalma-jalma, lainna ngan saukur méré bacaan. Pikeun ngabantu para pawarta, aya vidéo conto bahasan nu némbongkeun carana ngajak ngobrol jalma-jalma ku ngagunakeun Alkitab wungkul. Tapi, naha ieu hartina urang teu meunang méré bacaan waktu ngawawar ti imah ka imah? Lain kitu! Contona risalah. Éta téh salah sahiji alat nu cocog pikeun ngamimitian obrolan. Urang bisa ngalakukeun hal-hal ieu waktu rék ngagunakeun risalah:
Béré pananya nu aya dina sampul.
Tunjukkeun jawabanana tina ayat Alkitab nu aya dina kaca dua di beulah luhur. Lamun masih aya waktu, baca jeung bahas sababaraha hal nu aya dina risalah.
Béré risalahna ka nu boga imah, sina diteruskeun macana.
Saacan indit, tunjukkeun ”Pananya pikeun Dipikirkeun”, terus atur supaya bisa ngabahas jawabanana tina Alkitab.
Pas ngadatangan deui, bahas jawabanana sarta béré pananya séjén pikeun dibahas engké. Sadérék bisa milih pananya tina situs Internét urang atawa tina publikasi nu disebutkeun dina kaca tukang éta risalah. Dina waktu nu cocog, tawarkeun brosur Kabar Gumbira ti Allah! atawa publikasi séjén pikeun palajaran tina Alat Bantu Pengajaran.