HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | KAJADIAN 18-19
”Hakim Sabumi” Ngancurkeun Sadumu jeung Gomora
Urang diajar naon tina tindakan Yéhuwa ka Sadumu jeung Gomora?
Yéhuwa moal ngantep kajahatan teterusan aya
Lamun merhatikeun jeung ngajalankeun kahoyong Allah, urang bakal salamet tina panghakiman nu bakal datang.—Luk 17:28-30
PIKIRKEUN: ’Naha abdi ngarasa kasiksa ningali kalakuan jalma-jalma nu teu boga kaéra di dunya nu jahat ieu?’ (2Pet 2:7) ’Naha kahirupan sapopoé abdi némbongkeun yén ngalakukeun kahoyong Yéhuwa téh nu pangpentingna?’