KAHIRUPAN KRISTEN
Naha Sadérék Ngamangpaatkeun Buku Ngulik Kitab Suci Unggal Poé?
Naha Sadérék unggal poé maca ayat jeung koméntar nu aya dina buku Ngulik Kitab Suci Unggal Poé? Lamun teu acan, naha Sadérék bisa ngupayakeunana? Loba nu macana isuk-isuk supaya bisa mikirkeun ayatna sapoéan bari ngalakukeun kagiatan séjénna. (Yos 1:8; Jab 119:97) Kumaha supaya Sadérék bisa meunang leuwih loba mangpaat tina ayatna? Baca kontéks ayatna pikeun nyaho carita lengkepna. Coba pikirkeun kisah Alkitab nu ngamuat prinsip nu ditonjolkeun dina ayatna. Terus, larapkeun prinsipna dina kahirupan Sadérék. Waktu Sadérék nyieun putusan dumasar kana Firman Allah, éta hartina kahirupan Sadérék dibingbing ku Firman Allah jeung Sadérék narima loba mangpaat.—Jab 119:105.
Kulawarga Bétel di sakuliah dunya ngabahas buku Ngulik Kitab Suci Unggal Poé isuk-isuk. Sababaraha taun ka tukang, loba rekaman acara Ibadah Isuk Bétel nu muncul di JW Broadcasting dina bagian ACARA. Anyaran ieu, iraha Sadérék nongton acara éta? Bisa jadi sababaraha nu dibahas cocog jeung kabutuhan Sadérék. Contona, kumaha kisah Elut bisa ngabantu Sadérék nyieun putusan?
TONGTON VIDÉO JANGAN MENGASIHI DUNIA (1YOH 2:15), TERUS BAHAS PANANYA-PANANYA DI HANDAP IEU:
Dina Ibadah Isuk ieu, prinsip Alkitab naon nu dibahas?
Kumaha kisah Elut ngagambarkeun bahayana mikanyaah dunya jeung sagala nu asal ti dunya?—Kaj 13:12; 14:12; 19:3, 12, 13, 24-26
Kumaha urang bisa nunjukkeun yén urang nyaah ka Yéhuwa, lainna nyaah ka dunya jeung sagala nu asal ti dunya?
Sapanjang poé ieu, kumaha abdi bisa nunjukkeun yén abdi ngahargaan Firman Yéhuwa?