KAHIRUPAN KRISTEN
Nyonto Yusup nu Nyingkahan Lampah Cabul
Waktu aya godaan pikeun ngalakukeun hal cabul, urang bisa nyonto tuladan Yusup. Unggal digoda ku pamajikan dununganana, Yusup terus nolak. (Kaj 39:7-10) Manéhna ngomong, ”Paliyas abdi ngabales ku lampah anu sakitu kotorna tur matak dosa ka Allah.” Tina omonganana, katémbong yén Yusup geus mikirkeun pandangan Yéhuwa ngeunaan kasatiaan dina perkawinan. Ku kituna waktu godaanana beuki gedé, manéhna teu ngan cicing waé. Manéhna langsung kabur lantaran embung tékadna diruksak ku éta awéwé.—Kaj 39:12; 1Kor 6:18.
TONGTON VIDÉO SINGKAHAN HAL-HAL CABUL, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA IEU:
Naon situasi nu disanghareupan ku Jin?
Waktu Mee-Kyong ménta bantuan ngerjakeun PR matématika, naon nu Jin pikirkeun?
Naon pangaruh paménta Mee-Kyong ka Jin?
Kumaha Jin meunang bantuan?
Supaya teu kagoda ngalampahkeun hal cabul, naon nu Jin lakukeun?
Sadérék diajar naon tina ieu vidéo?