HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | KAJADIAN 38-39
Yéhuwa Teu Pernah Ninggalkeun Yusup
Waktu Yusup ngalaman loba cocoba, Yéhuwa nulungan manéhna. Sagala lampah Yusup jadi mulus nepi ka manéhna dipikanyaah ku sipir panjara. (Kaj 39:2, 3, 21-23) Urang bisa diajar naon tina carita Yusup?
Lamun urang ngalaman cocoba, éta lain hartina Yéhuwa teu resep ka urang.—Jab 34:20
Ulah poho muji sukur jeung pikirkeun kumaha Yéhuwa terus ngaberkahan urang.—Pil 4:6, 7
Urang kudu ngandelkeun Yéhuwa.—Jab 55:22