HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | BUDALAN 8-9
Piraon nu Adigung Teu Sadar Keur Ngalaksanakeun Tujuan Allah
Piraon-piraon di Mesir kuno nganggap dirina déwa. Ku kituna urang bisa ngarti, ku naon Piraon téh sakitu adigungna nepi ka embung ngadéngékeun Musa, Harun, malahan tukang-tukang sihirna sorangan.
Waktu aya nu méré saran, coba pikirkeun, Sadérék daék ngadéngékeun teu? Waktu aya nu méré naséhat, ku Sadérék dihargaan teu? Atawa, Sadérék téh sok ngarasa diri pangbenerna? Ceuk Alkitab, ”Adigung temahna ancur.” (Sil 16:18) Jadi, nyingkahan sikep adigung téh penting pisan!