HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | BUDALAN 12
Palajaran Penting tina Perayaan Paska keur Urang Kristen
Supaya teu beunang ku hukuman nu kasapuluh, urang Israil kudu nurut kana pituduh-pituduh ti Yéhuwa. (Bud 12:28) Dina peuting 14 Nisan, kabéh anggota kulawarga kudu ngumpul di imahna. Maranéhna kudu meuncit embé atawa domba jalu nu umurna sataun. Sanggeus kitu, getihna kudu diképrét-képrétkeun kana kusén panto, ari dagingna kudu dipanggang terus buru-buru didahar. Euweuh jalma nu meunang kaluar ti imah nepi ka isukanana.—Bud 12:9-11, 22.
Naon contona yén kataatan téh ngalindungan urang di jaman ayeuna?