PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb20 Juli kaca 7
  • Yéhuwa Nyarengan Umat-Na

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Yéhuwa Nyarengan Umat-Na
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
mwb20 Juli kaca 7

KAHIRUPAN KRISTEN

Yéhuwa Nyarengan Umat-Na

Saurang bapa Israil jeung budakna ngéprétkeun getih kana kusén panto.

Paska nu mimiti téh Paska nu paling penting. Peuting éta, sanggeus Piraon sadar mun putra cikalna maot, manéhna nitah Musa, ”Buru-buru geura arindit ti dieu, maraneh kitu deui sakumna bangsa Israil! Tinggalkeun nagara aing. Jig geura ngabarakti ka PANGERAN, sakumaha pamenta maraneh.” (Bud 12:31) Yéhuwa nyieun tindakan demi ngalindungan umat-Na.

Waktu urang ningali sajarah umat Yéhuwa dina jaman modéren, aya bukti nu kuat yén Yéhuwa téh terus ngabingbing jeung ngalindungan umat-Na. Sajarahna dicaritakeun dina musium di kantor pusat nu ngaranna ”Suatu Umat bagi Nama Yehuwa”.

TONGTON VIDÉO TUR MUSEUM WARWICK: ”SUATU UMAT BAGI NAMA YEHUWA”, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Gambar tina ’Drama-Foto Penciptaan’

    Naon pakakas nu alus nu digunakeun Siswa-Siswa Alkitab dina awal taun 1914 pikeun mekarkeun imanna kana Alkitab, jeung sakumaha suksésna éta?

  • Poto sadérék-sadérék nu ditéwak jeung dipanjara dina taun 1918.

    Naon ujian iman dina taun 1916 jeung 1918, sarta naon buktina Yéhuwa téh terus ngabingbing organisasi-Na?

  • Musium nu némbongkeun poto sadérék-sadérék nu dipanjara lantaran imanna. Aya panto nu muka, di jerona aya gambaran Pirdaus.

    Kumaha umat Yéhuwa tetep satia sanajan ditentang?

  • Musium nu némbongkeun cara-cara ngawawar dina taun 1930 jeung 1940-an.

    Naon pamahaman anyar nu ditarima umat Yéhuwa dina taun 1935, jeung kumaha ieu mangaruhan maranéhna?

  • Lamun Sadérék geus pernah tur ka musium ieu, naon nu Sadérék tingali nu ngawangun iman Sadérék yén Yéhuwa keur ngalindungan jeung nyarengan umat-Na?

Pikeun nyaho carana ngadatangan musium, buka jw.org® terus klik Ngeunaan Urang

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun