HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | BUDALAN 33-34
Sipat-Sipat Yéhuwa nu Kacida Alusna
Lantaran paham kana sipat-sipat Yéhuwa, Musa bisa sabar ka bangsa Israil. Kitu ogé, lamun urang beuki paham kana sipat-sipat Yéhuwa, urang bakal beuki sabar ka dulur saiman.
”Sipat welas, sipat karunya”: Yéhuwa nu nyaahan ngarawat jeung merhatikeun umat-Na, sakumaha kolot merhatikeun budakna
”Tara barangasan”: Yéhuwa sabar ka umat-Na, ngamaklum kana kakurangan maranéhna jeung méré waktu supaya maranéhna bisa barobah
”Sugih kaasih”: Kaasih Yéhuwa ka umat-Na téh langgeng, ku kituna hubungan Mantenna jeung umat-Na bakal terus aya salawasna
PÉK PIKIRKEUN, ’Kumaha abdi bisa nyonto sipat-sipat Yéhuwa?’