PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb20 Oktober kaca 5
  • Barudak Ngora, Jadikeun Yéhuwa Sobat Anjeun

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Barudak Ngora, Jadikeun Yéhuwa Sobat Anjeun
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
  • Bahan nu Sarupa
  • Anjeun Bisa Jadi Sobat Yéhuwa
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Allah Miharep Sadérék Janten Sobat-Na
    Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Sosobatan?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Jadi Sobat Yéhuwa
    Ngawih Sing Gumbira ka Yéhuwa
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
mwb20 Oktober kaca 5
Saurang sadérék ngora mani katingali resep diajar Alkitab.

KAHIRUPAN KRISTEN

Barudak Ngora, Jadikeun Yéhuwa Sobat Anjeun

Anjeun hayang boga sobat nu siga kumaha? Pasti anjeun hayang boga sobat nu satia, bageur, jeung béréhan. Yéhuwa téh boga sipat-sipat éta. (Bud 34:6; Ras 14:17) Yéhuwa daék ngadéngékeun doa anjeun. Waktu anjeun butuh bantuan, Yéhuwa gé siap nulungan. (Jab 18:20, 36) Malah, Yéhuwa daék ngahampura kasalahan anjeun. (1Yoh 1:9) Yéhuwa téh Sobat nu bageur pisan!

Kumaha urang bisa jadi sobat Yéhuwa? Urang bisa leuwih kenal ka Mantenna lamun maca Firman-Na. Urang gé perlu nyaritakeun eusi haté urang ka Mantenna. (Jab 62:9; 142:3) Salian ti éta, urang kudu ngahargaan nu dianggap penting ku Yéhuwa, saperti Putra-Na, Karajaana-Na, jeung jangji-Na keur mangsa kahareup. Urang bisa nyarita ka batur ngeunaan Mantenna. (Pam 32:3) Lamun urang terus ngaraket ka Yéhuwa, Mantenna bakal jadi sobat urang salanggengna.​—Jab 73:25, 26, 28.

TONGTON VIDÉO BARUDAK NGORA, PÉK RASAKEUN KASAÉAN YÉHUWA, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Gambar tina vidéo ’Barudak Ngora, Pék Rasakeun Kasaéan Yéhuwa’. Saurang sadérék ngora keur ngadoa saacan palajaran pribadi.

    Naon waé nu kudu disiapkeun lamun anjeun hayang ngabaktikeun diri jeung dibaptis?

  • Gambar tina vidéo ’Barudak Ngora, Pék Rasakeun Kasaéan Yéhuwa’. Saurang panaratas keur macakeun ayat dina basa Karen (S’gaw) ka saurang bapa.

    Kumaha sadérék-sadérék di sidang bisa ngabantu anjeun dina ngawula Yéhuwa?

  • Gambar tina vidéo ’Barudak Ngora, Pék Rasakeun Kasaéan Yéhuwa’. Saurang sadérék ngora ngarasa dikuatkeun waktu maturan sadérék nu geus kolot dina dines.

    Kumaha dines bisa ngaraketkeun anjeun leuwih raket jeung Yéhuwa?

  • Gambar tina vidéo ’Barudak Ngora, Pék Rasakeun Kasaéan Yéhuwa’. Sanggeus leumpang dua jam, saurang sadérék ngora mandu palajaran Alkitab jeung saurang awéwé nu torék.

    Anjeun bisa nyobat jeung Yéhuwa salanggengna!

    Cita-cita rohani naon waé nu bisa dihontal ku anjeun?

  • Anjeun paling resep kana sipat Yéhuwa nu mana?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun