PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb21 Januari kaca 3
  • Para Kolot Perlu Ngajar Budakna

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Para Kolot Perlu Ngajar Budakna
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
  • Bahan nu Sarupa
  • Kumaha Carana Supaya Kulawarga Anjeun Bagja?—Bagian 2
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Bantu Budak Sadérék Mikanyaah Yéhuwa
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
  • Kolot, Ajar Budak Sadérék Mikanyaah Yéhuwa
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
  • Cara Ngadidik Budak Sadérék
    Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
mwb21 Januari kaca 3
Waktu ibadah kulawarga, kolot ngajar budakna pikeun nolak gogoda ti batur.

KAHIRUPAN KRISTEN

Para Kolot Perlu Ngajar Budakna

Ayeuna, hal nu hadé sok dianggap goréng, ari hal nu goréng dianggap hadé. (Yes 5:20) Hanjakalna, loba jalma ngalakukeun hal nu dipikaijid ku Yéhuwa, misalna bobogohan jeung sasama jinis. Bisa jadi, aya babaturan nu mangaruhan barudak urang supaya pipilueun ogé. Kumaha Sadérék bisa nyiapkeun budak Sadérék pikeun nyanghareupan tangtangan siga kieu?

Ajar budak Sadérék ngeunaan prinsip-prinsip ti Yéhuwa. (Ima 18:3) Para kolot perlu terus ngajarkeun prinsip-prinsip Alkitab ngeunaan séks nu cocog jeung umur budakna. (Pam 6:7) Pék pikirkeun, ’Na urang geus ngajarkeun cara némbongkeun kanyaah nu pantes jeung pentingna maké papakéan nu sopan? Na urang geus ngajarkeun budak yén batur teu meunang sangeunahna nyepeng awakna? Na budak urang nyaho kudu kumaha lamun aya nu némbongkeun hal nu porno atawa ngajak manéhna ngalakukeun nu salah?’ Budak nu geus diajar ti leutik kénéh bisa nyingkahan masalah engkéna. (Sil 27:12; Pan 7:12) Lamun Sadérék ngahargaan kurnia ti Yéhuwa ieu, Sadérék bakal resep ngajar budak.​—Jab 127:3.

TONGTON VIDÉO NGAWANGUN IMAH NU WEWEG—JAGA BUDAK SADÉRÉK TI ”HAL-HAL ANU JAHAT”, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Gambar tina vidéo ’Ngawangun Imah nu Weweg—Jaga Budak Sadérék ti ’Hal-Hal anu Jahat.’’ Indung jeung budak lalakina nongton babarengan vidéo ’Jaga Budak Sadérék’.

    Ku naon para kolot sok karagok ngajar budak ngeunaan séks?

  • Gambar tina vidéo ’Ngawangun Imah nu Weweg—Jaga Budak Sadérék ti ’Hal-Hal anu Jahat.’’ Kolot ngajar barudakna maké buku ’Mendengar kepada Guru yang Agung’ jeung bahan séjénna.

    Ku naon kolot kudu ngajar budakna maké ”pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan”?​—Epe 6:4

  • Gambar tina vidéo ’Ngawangun Imah nu Weweg—Jaga Budak Sadérék ti ’Hal-Hal anu Jahat.’’ Kulawarga di Afrika maca jeung ngabahas ayat-ayat jeung barudakna.

    Budak nu boga pamahaman bisa ngalindungan dirina

    Organisasi Yéhuwa nyadiakeun bahan-bahan naon waé pikeun ngajar budak ngeunaan séks?​—w19.05 12, kotak

  • Ku naon kolot perlu rutin ngobrol jeung barudakna?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun