PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • hf bag. 7 kaca 22-25
  • Cara Ngadidik Budak Sadérék

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Cara Ngadidik Budak Sadérék
  • Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • 1 GAMPANG DIDEUKEUTAN KU BUDAK SADÉRÉK
  • 2 COBA PAHAM KANA MAKSUD OMONGANANA
  • 3 TÉMBONGKEUN YÉN SADÉRÉK DUAAN SAPIKIRAN
  • 4 JIEUN RENCANA
  • Kumaha Carana Supaya Kulawarga Anjeun Bagja?—Bagian 2
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Bantu Budak Sadérék Mikanyaah Yéhuwa
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
hf bag. 7 kaca 22-25
Bapa jeung budakna babarengan ngoméan sapédah

BAGIAN 7

Cara Ngadidik Budak Sadérék

”Sakur anu diwurukkeun ku Bapa poe ieu ulah dipopohokeun. Ajarkeun ka anak.”​—Pamindo 6:6, 7

Yéhuwa, Nu Nyiptakeun kulawarga, nugaskeun kolot pikeun ngagedékeun budakna. (Kolosa 3:20) Sabagé kolot, Sadérék boga tanggung jawab ngalatih budak sangkan mikaasih Yéhuwa ogé jadi jalma nu bisa diandelkeun. (2 Timoteus 1:5; 3:15) Upayakeun sangkan Sadérék nyaho eusi haténa. Tangtuna tuladan Sadérék ogé penting pisan. Sadérék bisa enya-enya ngajarkeun prinsip-prinsip Kitab Suci ka maranéhna lamun éta geus aya dina haté Sadérék.​—Jabur 40:9.

1 GAMPANG DIDEUKEUTAN KU BUDAK SADÉRÉK

PITUDUH KITAB SUCI: ”Sing cepet kana ngadenge, sing lambat kana nyarita.” (Yakobus 1:19) Sadérék tangtu hayang budak Sadérék teu asa-asa nyarita naon waé ka Sadérék. Maranéhna kudu nyaho yén Sadérék siap ngadéngékeun iraha waé. Ciptakeun kaayaan nu répéh rapih, atawa tengtrem, supaya maranéhna teu nutup diri. (Yakobus 3:18) Lamun Sadérék kacirina galak jeung sok ngiritik, maranéhna moal bakal terus terang. Sadérék kudu sabar jeung sering némbongkeun kanyaah ka maranéhna.​—Mateus 3:17; 1 Korinta 8:1.

CARA NERAPKEUN:

  • Sadiakeun waktu lamun budak Sadérék hayang ngobrol

  • Sering ngobrol jeung budak Sadérék, lain lamun keur aya masalah wungkul

2 COBA PAHAM KANA MAKSUD OMONGANANA

PITUDUH KITAB SUCI: ”Jalma anu sehat akal, sagala lampahna dipikir ti samemehna.” (Siloka 13:16) Kadang-kadang teu cukup ngan saukur ngadéngékeun omongan budak Sadérék pikeun nyaho parasaan manéhna nu sabenerna. Budak ngora sok ngaleuwih-leuwihkeun omonganana atawa omonganana sok béda jeung maksudna. ”Memeh ngajawab regepkeun heula. Lamun henteu kitu, tetela maneh teh bodo, celaeun.” (Siloka 18:13) Jadi, tong gancang ambek.​—Siloka 19:11.

Indung nyarékan budakna

CARA NERAPKEUN:

  • Ulah nyela jeung perlu tetep tenang, teu sual naon nu diomongkeun ku budak Sadérék

  • Inget kumaha parasaan Sadérék waktu saumur manéhna sarta naon nu katingalina penting keur Sadérék harita

3 TÉMBONGKEUN YÉN SADÉRÉK DUAAN SAPIKIRAN

PITUDUH KITAB SUCI: ”Anaking! Turutkeun papatah nu jadi bapa, gugu pitutur nu jadi indung.” (Siloka 1:8) Yéhuwa méré wewenang ka indung jeung bapa pikeun ngurus budakna. Sadérék kudu ngajar maranéhna sangkan hormat jeung taat ka Sadérék. (Epesus 6:1-3) Budak Sadérék bisa ngarasakeun lamun kolotna teu ”sahate jeung sapikir”. (1 Korinta 1:10) Ulah katingali teu sapakat di hareupeun budak, sabab maranéhna bisa kurang ngahargaan Sadérék sabagé kolot.

Bapa ngadisiplin budakna teu dihareupeun indung jeung lanceukna

CARA NERAPKEUN:

  • Bahas jeung putuskeun cara ngadisiplin budak

  • Lamun Sadérék duaan teu sapakat sual ngadidik budak, upayakeun paham kana pandangan batur hirup

4 JIEUN RENCANA

PITUDUH KITAB SUCI: ”Budak teh papatahan kumaha kuduna hirup.” (Siloka 22:6) Sadérék teu bisa ujug-ujug suksés ngadidik budak. Sadérék kudu boga rencana, kaasup carana ngadisiplin budak. (Jabur 127:4; Siloka 13:1) Disiplin téh lain ngan saukur ngahukum, tapi ngabantu manéhna paham alesanana Sadérék méré aturan. (Siloka 28:7) Budak Sadérék perlu diajar mikaasih Firman Yéhuwa ogé paham kana prinsip-prinsipna. (Jabur 1:2) Éta ngabantu maranéhna boga ati sanubari nu bersih.​—Ibrani 5:14.

CARA NERAPKEUN:

  • Bantu budak Sadérék paham yén Yéhuwa téh bener-bener aya jeung bisa dipercaya

  • Bantu budak Sadérék waspada jeung ngajauhan hal-hal nu bejad saperti nu aya di internét jeung jejaring sosial. Ajar maranéhna cara ngajauhan jalma-jalma nu cabul

Budak lalaki diajar ku kolotna pikeun ngawula ka Yéhuwa ti leuleutik nepi ka dibaptis

”Budak teh papatahan kumaha kuduna hirup”

YÉHUWA BAKAL NGABERKAHAN UPAYA SADÉRÉK

Kolot boga tugas nu istiméwa pikeun ngajarkeun prinsip-prinsip Yéhuwa ka budakna. (Epesus 6:4) Yéhuwa nyaho éta téh teu gampang, tapi hasilna bakal méré kamulyaan ka Yéhuwa jeung kabagjaan ka Sadérék.​—Siloka 23:24.

PIKIRKEUN . . .

  • Kumaha supaya budak kuring teu asa-asa nyarita naon waé ka kuring?

  • Naon nu bisa kuring conto ti kolot séjén ngeunaan cara ngagedékeun budak?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun