PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb21 Séptémber kaca 3-16
  • Maké Publikasi Hirup Bagja Salilana! dina Dines

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Maké Publikasi Hirup Bagja Salilana! dina Dines
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
  • Bahan nu Sarupa
  • Mantuan Palajar Alkitab Supaya Bisa Dibaptis
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2021
  • Carana Mantuan Palajar Nepi ka Dibaptis—Bagian Hiji
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2020
  • Cara Ngagunakeun Brosur Regepkeun Allah
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
  • Carana Mantuan Palajar Nepi ka Dibaptis—Bagian Dua
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2020
Tingali Ogé
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
mwb21 Séptémber kaca 3-16
Sapasang salaki pamajikan ngagunakeun brosur ”Hirup Bagja Salilana!” pikeun ngobrol jeung saurang lalaki di halteu bus.

KAHIRUPAN KRISTEN

Maké Publikasi Hirup Bagja Salilana! dina Dines

Urang bungah pisan ku ayana brosur jeung buku anyar pikeun mandu palajaran Alkitab! Urang hayang terus ngadoa sangkan Yéhuwa ngaberkahan upaya urang dina ngajadikeun murid. (Mat 28:18-20; 1Kor 3:6-9) Kumaha carana ngagunakeun publikasi anyar ieu?

Urang perlu maké cara anyar waktu mandu palajaran Alkitab maké publikasi Hirup Bagja Salilana! Pék tuturkeun cara-cara di handap waktu persiapan jeung mandu palajaran Alkitab.a

  • Baca bahanna jeung bahas pananyana

  • Baca ayat nu aya tanda ”baca”, sarta bantu palajar Alkitab paham cara ngalarapkeunana

  • Setél vidéo-vidéona, terus bahas ngagunakeun pananya-pananya nu aya

  • Upayakeun ngabahas hiji bab unggal mandu palajaran Alkitab

Waktu ngawawar, tawarkeun brosurna heula pikeun ningali minat saurang jalma. (Tingali kotak ”Cara Nawarkeun Brosur Hirup Bagja Salilana! Waktu Ngawawar”.) Lamun geus bérés ngabahas brosurna jeung manéhna masih hayang diajar, tawarkeun bukuna, tuluy mimitian palajaranana ku bab 04. Lamun aya palajar Alkitab Sadérék nu masih ngagunakeun buku Diajar Kitab Suci atawa buku Tetep Dipikaasih ku Allah, ganti palajaranana maké buku Hirup Bagja Salilana! Sadérék bisa nangtukeun rék mulai diajar ti mana.

The same couple using the ”Enjoy Life Forever!” book to conduct a Bible study with the man at his home.

TONGTON VIDÉO WILUJENG SUMPING DINA PALAJARAN ALKITAB ANJEUN, TULUY BAHAS:

  • Palajar Alkitab bakal diajar naon waé tina buku ieu?

  • Ku naon Sadérék kudu nyetélkeun vidéo ieu ka palajar Alkitab nu anyar?

  • Unggal diajar, tujuan naon waé nu kudu diupayakeun ku palajar Alkitab? (Tingali kotak ”Topik jeung nu Bisa Diupayakeun dina Unggal Bab”.)

a CATETAN: Sanajan bagian ”Tingali Ogé” téh teu wajib dibahas, sadiakeun waktu pikeun maca bahanna jeung nongton vidéona waktu persiapan. Ku kituna, Sadérék bisa apal mana bahan nu hususna cocog jeung bisa ngabantu palajar Alkitab Sadérék. Dina vérsi éléktronikna, aya link nu ngarujuk ka vidéo-vidéo sarta bahan-bahan séjén nu ngadukung bahasanana.

TOPIK JEUNG NU BISA DIUPAYAKEUN DINA UNGGAL BAB

 

BAB

TOPIK

NU BISA DIUPAYAKEUN

1

01-12

Anjeun bisa meunang loba mangpaat tina Alkitab jeung bisa kenal ka Allah nu geus méré Alkitab ka urang

Jurung palajar pikeun maca Alkitab, persiapan saacan diajar, jeung datang ka pasamoan

2

13-33

Nu geus dilakukeun ku Allah demi urang jeung ibadah nu ditarima ku Anjeunna

Jurung palajar pikeun nyaritakeun bebeneran ka batur jeung jadi pawarta

3

34-47

Nu dipiharep ku Allah ti umat-Na

Jurung palajar pikeun ngabaktikeun kahirupanana ka Yéhuwa jeung dibaptis

4

48-60

Carana tetep dipikanyaah ku Allah

Bantu palajar supaya bisa ngabédakeun mana nu bener jeung nu salah sarta nyieun kamajuan rohani

CARA NAWARKEUN BROSUR HIRUP BAGJA SALILANA! WAKTU NGAWAWAR

Siga risalah séjénna, kaca tukang brosur ieu ngamuat pananya nu ngajurung batur pikeun mikir. Sadérék bisa:

  • Nanyakeun pananyana

  • Macakeun jawaban Alkitab tina 1 Yahya 2:17

  • Ngabahas bagian ”Jadi, Engké Anjeun Bakal”. Lamun waktuna cukup kénéh, baca ayatna jeung bahas gambarna

  • Nanyakeun pananya ”Na Jangji- Jangji dina Alkitab téh Bisa Dipercaya?” terus mimitian palajaran Alkitab ku ngabahas bab hiji

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun