UPAYAKEUN DIRI DINA DINES | LEUWIH BUNGAH DINA PALAYANAN
Tarima Bantuan ti Yéhuwa Mangrupa Doa
Anu numuwuhkeun binih bebeneran dina haté saurang jalma téh Yéhuwa. (1Kor 3:6-9) Ku kituna supaya hasil dina dines, urang kudu ménta Yéhuwa ngabantuan urang jeung palajar Alkitab urang.
Pék ngadoa ménta bantuan ka Yéhuwa supaya palajar Alkitab Sadérék tabah jeung bisa nyanghareupan tangtangan. (Flp 1:9, 10) Sing rinci ngadoana. Pénta kawasa suci pikeun ngabingbing pikiran jeung tindakan Sadérék. (Luk 11:13) Ajarkeun carana ngadoa ka palajar Alkitab, jeung jurung manéhna pikeun ngadoa. Waktu ngadoa jeung manéhna, sebutkeun ngaranna.
TONGTON VIDÉO SING BUNGAH DINA DINES—TARIMA BANTUAN TI YÉHUWA—DOA, TULUY BAHAS:
Nita meunang tangtangan naon waktu mandu palajaran Alkitab jeung Jasmin?
Kumaha 1 Korintus 3:6 ngabantu Nita?
Kumaha Nita nyanghareupan tangtanganana?