KAHIRUPAN KRISTEN
Cara nu Hadé pikeun Mandu Riungan Dines Lapangan
Siga pasamoan, riungan dines lapangan téh sasadiaan ti Yéhuwa supaya urang bisa silih némbongkeun kanyaah jeung kahadéan. (Ibr 10:24, 25) Riungan dines téh lilana lima nepi ka tujuh menit. Éta téh geus kaasup ngabagi-bagi pasangan jeung daérah, sarta ngadoa. (Lamun diayakeun sanggeus pasamoan, sakuduna riungan dines bisa leuwih sakeudeung.) Nu mandu bisa nyiapkeun bahan-bahan nu cocog keur dines poé éta. Misalna dina poé Saptu, bisasana nu daratang ka riungan dines téh can dines dina minggu éta. Jadi, cocog mun ngabahas kecap panganteur. Naon deui topik-topik nu cocog keur dibahas?
Conto bahasan tina Jurnal Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan Kristen
Carana ngamimitian obrolan maké berita nu panganyarna
Carana nyanghareupan jalma nu teu satuju kana warta urang
Carana nyanghareupan jalma nu atéis, percaya kana évolusi, nu maké basa séjén, atawa jalma nu nganut agama minoritas
Carana ngagunakeun situs Internét jw.org, aplikasi JW Library®, atawa Alkitab
Carana ngagunakeun salah sahiji publikasi ti Alat Bantu Pengajaran
Carana ngalakukeun dines telepon, nulis surat, kasaksian di tempat umum, ngadatangan deui, atawa mandu palajaran Alkitab
Panginget pikeun tetep aman waktu dines, asup akal, sopan, boga sikep positip, atawa hal-hal sarupa séjénna
Palajaran atawa vidéo tina brosur Sing Leukeun dina Maca jeung Ngajar
Carana ngagedékeun haté jeung mantuan batur dines
Ayat-ayat nu cocog keur dines atawa pangalaman dines nu alus