PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb22 Nopémber kaca 11
  • Sing Yakin Urang Bakal Dilindungan dina Armagédon

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Sing Yakin Urang Bakal Dilindungan dina Armagédon
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2022
  • Bahan nu Sarupa
  • Tetep Satia Salila ”Mangsa Cilaka”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
  • Armagédon Mawa Kabungah!
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
  • Sing Tetep Teger Sabab Ahir Geus Téréh Datang
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
  • Naon Perang Armagédon téh?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2022
mwb22 Nopémber kaca 11
Saurang sadérék keur diajar tina buku ”Ibadah yang Murni kepada Yehuwa—Akhirnya Dipulihkan!” Manéhna ngabayangkeun malaikat Yéhuwa keur ngalindungan umat Allah dina Armagédon.

KAHIRUPAN KRISTEN

Sing Yakin Urang Bakal Dilindungan dina Armagédon

Sakeudeung deui, kasabaran Yéhuwa ka ieu dunya bakal béak. Agama palsu bakal diancurkeun, gabungan bangsa-bangsa gé bakal nyerang umat Yéhuwa. Geus kitu, Yéhuwa bakal ngamusnakeun jalma-jalma jahat di Armagédon. Kajadian ieu téh didagoan pisan ku urang Kristen.

Mémang, urang teu nyaho kabéh rincian ngeunaan kasangsaraan nu kacida hébatna. Misalna, urang teu apal iraha éta bakal kajadian. Urang gé teu apal naon alesanana kawasa pulitik nyerang agama-agama. Urang gé teu apal bakal kumaha jeung sabaraha lila bangsa-bangsa nyerang umat. Urang gé teu nyaho kumaha carana Yéhuwa ngamusnakeun jalma-jalma jahat dina Armagédon.

Tapi, Alkitab méré informasi nu bisa nyieun urang siap jeung wani nyanghareupan mangsa ka hareup. Misalna, urang dibéré nyaho ayeuna téh urang hirup dina panungtungan ”ahir jaman”. (2Tim 3:1) Urang apal yén mangsa diserangna agama-agama téh bakal ”disinggetkeun” supaya agama nu bener teu musna. (Mat 24:22) Urang apal Yéhuwa gé pasti bakal nyalametkeun umat-Na. (2Pét 2:9) Urang geus dibéré nyaho, Pribadi nu dipilih Yéhuwa téh adil jeung boga kawasa pikeun ngabinasakeun nu jahat jeung ngalindungan sakumpulan jalma nu kacida lobana supaya salamet ti Armagédon.​—Why 19:11, 15, 16.

Kajadian di mangsa ka hareup téh bakal nyababkeun jalma-jalma ”kapaéhan bakating ku sieun”. Tapi, lamun urang maca jeung ngalenyepan cara Yéhuwa nulungan umat-Na baréto, urang jadi bisa ’ngajegkeun awak, nanggahkeun sirah’, sabab urang yakin geus téréh dibébaskeun.​—Luk 21:26, 28.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun