Artikel Palajaran 13
Sing Silih Pikanyaah Saiklas-iklasna
”Silih pikanyaah saiklas-iklasna.”—1 PET. 1:22.
KAWIH 109 Sing Enya-Enya Mikanyaah
NU DIBAHASa
1. Yésus méré paréntah nu jelas naon ka murid-muridna? (Tingali gambar dina sampul hareup.)
DINA peuting saacanna maot, Yésus méré paréntah nu jelas ka murid-muridna. Ceuk anjeunna, ”Sakumaha Kami mikanyaah ka maraneh, maraneh oge kudu silih pikanyaah sabatur-batur. Ku jalan silih pikanyaah jeung babaturan, bakal katara ka sarerea yen maraneh teh murid-murid Kami.”—Yoh. 13:34, 35.
2. Ku naon urang kudu silih pikanyaah?
2 Ceuk Yésus, maranéhna bakal kaciri sabagé murid-muridna nu sajati lamun silih pikanyaah sakumaha Yésus mikanyaah maranéhna. Éta kudu dilarapkeun ku murid-muridna boh dina abad kahiji boh ayeuna. Jadi penting pisan sangkan urang silih pikanyaah sanajan sakapeung éta aya tangtanganana!
3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?
3 Lantaran teu sampurna, urang sok hésé némbongkeun kanyaah nu saiklas-iklasna. Sanajan kitu, urang kudu nyonto Kristus. Dina artikel ieu, urang rék ngabahas yén kanyaah bakal ngajurung urang pikeun ngupayakeun karukunan, teu ngabéda-béda, jeung béréhan. Bari ngabahas, pék pikirkeun, ’Urang diajar naon ti sadérék-sadérék nu terus némbongkeun kanyaah sanajan teu gampang?’
UPAYAKEUN KARUKUNAN
4. Numutkeun Mateus 5:23, 24, ku naon urang kudu ngupayakeun karukunan jeung sadérék nu nyeri haté ka urang?
4 Yésus ngajarkeun pentingna ngupayakeun karukunan jeung sadérék nu nyeri haté ka urang. (Baca Mateus 5:23, 24.) Anjeunna nandeskeun yén urang kudu ngajaga sosobatan jeung dulur saiman lamun urang hayang nyenangkeun Allah. Yéhuwa bungah lamun urang sabisa-bisa ngupayakeun karukunan jeung dulur saiman. Ibadah urang moal ditarima ku Mantenna lamun urang ngunek-ngunek jeung teu daék akur.—1 Yoh. 4:20.
5. Ku naon teu gampang pikeun Heri ngajaga karukunan?
5 Ngajaga karukunan téh bisa jadi teu gampang. Naon sababna? Perhatikeun conto Heri.b Manéhna nyeri haté waktu dikiritik jeung digogoréng ku saurang sadérék. Kumaha réaksi Heri? Ceuk manéhna, ”Abdi jadi ambek tuluy ngomong kasar.” Tapi sanggeusna, Heri kaduhung jeung ménta maap sangkan akur deui jeung sadérék éta. Tapi, éta sadérék embungeun ngahampura. Mimitina Heri mikir, ’Mun manéhna teu daékeun akur mah, nya geus wé.’ Tapi, pangawas wilayah ngajurung manéhna sangkan teu nyerah. Naon nu dilakukeun ku Heri?
6. (a) Kumaha Heri ngupayakeun karukunan? (b) Kumaha Heri ngalarapkeun Kolosa 3:13, 14?
6 Heri mikirkeun deui sikepna jeung sadar yén sakapeung manéhna gé sok nganggap diri leuwih hadé ti batur. Jadi manéhna ngarasa kudu ngarobah sikepna. (Kol. 3:8, 9, 12) Heri ngadeukeutan jeung ménta maap deui ka sadérék éta. Heri ogé nulis surat yén manéhna kaduhung pisan jeung hayang nyobat deui. Tuluy, Heri méré hadiah nu dipikaresep ku sadérék éta. Hanjakalna, sadérék éta tetep ambek jeung embung ngahampura. Tapi, Heri tetep nuturkeun paréntah Yésus pikeun mikanyaah jeung hampuraan. (Baca Kolosa 3:13, 14.) Bisa jadi batur embung akur jeung urang, tapi lamun urang boga kanyaah siga Kristus, urang bakal hampuraan jeung terus ngadoa sangkan urang bisa akur deui.—Mat. 18:21, 22; Gal. 6:9.
7. Naon paréntah Yésus ka urang? (b) Masalah naon nu kaalaman ku Laura?
7 Ceuk Yésus, lamun urang hayang dihadéan, urang gé kudu hadé ka batur. Anjeunna gé nyebutkeun, urang ulah nyaah ngan ka jalma-jalma nu nyaah ogé ka urang. (Luk. 6:31-33) Sanajan jarang, kumaha lamun aya dulur saiman nu ngajauhan jeung teu daék nanya ka Sadérék? Laura ngalaman hal éta. Manéhna nyarita, ”Aya saurang sadérék istri nu ngajauhan abdi, teuing ku naon. Mun rék indit ka pasamoan téh jadi tegang jeung horéam.” Mimitina Laura mikir, ’Ah, da lain urang nu salah. Di pasamoan gé loba nu ngarasa manéhna anéh.’
8. Naon nu dilakukeun Laura pikeun ngupayakeun karukunan, jeung naon palajaranana keur urang?
8 Laura ngupayakeun karukunan. Manéhna ngadoa ka Yéhuwa, tuluy ngajak ngobrol sadérék istri éta. Maranéhna ngomongkeun masalahna, tuluy silih tangkeup. Karasana mah sagalana geus bérés. Laura nyarita, ”Tapi teu lila, manéhna kitu deui ka abdi. Abdi jadi sedih pisan.” Mimitina Laura ngarasa moal reugreug lamun sadérék éta can ngarobah sikepna. Tapi ahirna Laura sadar yén nu pangalusna mah terus mikanyaah jeung iklas ngahampura sadérék éta. (Epe. 4:32–5:2) Laura inget yén kanyaah sajati mah ”tara ngunek-ngunek ku kasalahan batur . . . tawekal dina sagala cocoba, kapercayaanana, pangharepanana, jeung kasabaranana moal aya pegatna”. (1 Kor. 13:5, 7) Laura jadi ngarasa tengtrem. Ka dieunakeun, sadérék éta leuwih soméah ka manéhna. Lamun ngupayakeun karukunan jeung terus mikanyaah dulur-dulur saiman, Sadérék bisa yakin yén ”Allah anu sipat asih jeung nu nyepeng karuntutan [bakal] nyarengan” Sadérék.—2 Kor. 13:11.
ULAH NGABÉDA-BÉDA
9. Numutkeun Rasul 10:34, 35, ku naon ulah ngabéda-béda?
9 Yéhuwa teu ngabéda-béda. (Baca Rasul 10:34, 35.) Urang kabukti jadi putra-putra-Na lamun urang ogé teu ngabéda-béda. Éta hartina urang taat kana paréntah pikeun nyaah ka batur cara ka diri sorangan. Urang gé ngajaga katengtreman dina kulawarga rohani urang.—Rum 12:9, 10; Yak. 2:8, 9.
10-11. Kumaha Ruth ngaleungitkeun prasangkana?
10 Aya nu ngarasa ieu téh teu gampang. Sabagé conto, aya saurang sadérék istri nu ngaranna Ruth. Basa keur leutik, aya saurang jalma ti nagri séjén nu jahat ka manéhna. Naon balukarna? Ruth nyarita, ”Abdi ngéwa kana sagala nu asalna ti nagri éta. Ceuk abdi mah, jalma-jalma ti nagri éta sarua kabéh, kaasup dulur saiman.” Kumaha Ruth bisa ngaleungitkeun prasangka éta?
11 Ruth sadar manéhna kudu ngalawan prasangka éta. Jadi, manéhna maca pangalaman jeung laporan dina Buku Tahunan ngeunaan nagri éta. Ceuk manéhna, ”Abdi sabisa-bisa mikir nu alus-alus ngeunaan jalma-jalma ti nagri éta. Abdi merhatikeun yén sadérék-sadérék mani sumanget ngawula Yéhuwa. Abdi jadi sadar maranéhna ogé bagian ti kulawarga rohani sadunya.” Tuluy, Ruth ngarasa aya kénéh nu kudu dilakukeun. Manéhna nyarita, ”Unggal panggih jeung dulur saiman ti nagri éta, abdi leuwih ngabageuran maranéhna. Abdi ngajak ngobrol sangkan leuwih kenal.” Naon hasilna? Ceuk Ruth, ”Ahirna, abdi teu boga prasangka deui.”
12. Sarah boga masalah naon?
12 Aya ogé nu teu sadar geus ngabéda-béda. Misalna, Sarah nganggap dirina teu ngabéda-béda lantaran tara mandang jalma tina sélérna, status ékonomina, atawa kadudukanana di organisasi. Tapi, manéhna nyarita, ”Abdi kakara sadar sabenerna téh abdi geus ngabéda-béda.” Dina hal naon? Sarah asalna ti kulawarga nu boga pendidikan luhur sarta leuwih resep gaul jeung jalma-jalma nu kitu ogé. Malah, manéhna pernah ngomong ka sobatna, ”Urang mah gaulna jeung dulur saiman nu pendidikanana luhur, tara jeung nu séjén.” Jelas, Sarah kudu ngarobah sikepna. Kumaha?
13. Urang diajar naon tina cara Sarah ngarobah sikepna?
13 Sarah dibantu ku saurang pangawas wilayah pikeun mariksa sikepna. Sarah nyarita, ”Manéhna muji abdi lantaran getol dines, sok méré koméntar nu alus, jeung boga loba pangaweruh ngeunaan Alkitab. Tuluy, manéhna ngajelaskeun yén beuki loba pangaweruh urang, sakuduna urang gé leuwih ngamekarkeun sipat-sipat Kristen saperti rendah haté, sadar diri, jeung karunyaan.” Sarah ngalarapkeun naséhat ti pangawas wilayah éta. Ceuk manéhna, ”Abdi sadar nu pangpentingna mah urang kudu bageur jeung nyaahan.” Hasilna, pandanganana ka sadérék-sadérék gé barobah. Manéhna ngajelaskeun, ”Abdi hayang paham sipat-sipat hadé nu dihargaan ku Yéhuwa ti maranéhna.” Ari urang kumaha? Urang embung ngarasa leuwih hébat ti batur ku lantaran pendidikan urang! Urang moal ngabéda-béda lamun urang ”nyaah ka papada batur sakapercayaan”.—1 Pet. 2:17.
SING BÉRÉHAN
14. Numutkeun Ibrani 13:16, kumaha parasaan Yéhuwa lamun urang béréhan?
14 Yéhuwa bungah pisan lamun urang béréhan. (Baca Ibrani 13:16.) Yéhuwa nganggap éta téh ibadah, komo lamun urang nulungan nu keur susah. (Yak. 1:27; 2:14-17) Salah sahiji cara béréhan téh lamun urang daék narima tamu. Éta sababna, urang dijurung, ”Tampa hade-hade mun aya anu ngadon datang ka imah.” (Rum 12:13) Lamun béréhan, urang némbongkeun yén urang bener-bener resep, nyaah, sarta hayang nyobat ka maranéhna. Teu sual urang méré kuéh, inumeun, dahareun, atawa waktu jeung perhatian, Yéhuwa bungah ningalina. (1 Pet. 4:8-10) Tapi bisa waé aya hal-hal nu ngahalangan urang.
15-16. (a) Ku naon aya nu asa-asa pikeun béréhan? (b) Ku naon Edit jadi teu asa-asa deui narima tamu?
15 Urang bisa jadi asa-asa lantaran sababaraha alesan. Perhatikeun conto saurang randa nu ngaranna Edit. Saacan jadi Saksi, manéhna leuwih resep nyorangan. Manéhna ngarasa batur nu leuwih cocog pikeun narima tamu.
16 Sanggeus jadi Saksi, Edit ngarobah cara pikirna. Manéhna ngupayakeun sangkan leuwih béréhan jeung daék narima tamu. Manéhna nyarita, ”Waktu Balé Karajaan keur diwangun, saurang kokolot méré nyaho ngeunaan pasangan salaki pamajikan nu bakal datang mantuan proyék ieu. Manéhna nanya, naha pasangan éta bisa mondok di imah abdi salila dua minggu. Abdi inget kumaha Yéhuwa ngaberkahan randa ti kota Sarpat.” (1 Rja. 17:12-16) Edit satuju. Naon berkahna? Ceuk manéhna, ”Abdi bungah pisan lantaran maranéhna teu ngan mondok di imah abdi salila dua minggu, tapi dua bulan. Urang jadi nyobat.” Edit ogé diberkahan lantaran boga sobat-sobat di sidang. Ayeuna Edit geus jadi panaratas jeung resep ngajak batur dinesna ngopi-ngopi di imahna. Ceuk manéhna, ”Béréhan téh matak bungah! Sabenerna mah abdi nu narima loba berkah.”—Ibr. 13:1, 2.
17. Doni jeung pamajikanana sadar kana hal naon?
17 Bisa jadi urang geus béréhan, tapi naha masih aya kénéh nu bisa ditingkatkeun? Contona, Doni jeung pamajikanana téh béréhan. Maranéhna osok ngondang kolot, baraya, sobat, jeung pangawas wilayah sarta pamajikanana. Tapi, ceuk Doni, ”Abdi duaan kakara sadar, nu diondang ku abdi téh ngan nu akrab wungkul.” Naon nu dilakukeun ku maranéhna?
18. Naon nu dilakukeun ku Doni jeung pamajikanana sangkan leuwih béréhan?
18 Doni jeung pamajikanana ngalenyepan kekecapan Yésus, ”Ari nyaah ngan ka nu mikanyaah bae mah atuh lampah maraneh teh naon anu pantes dibales ku Pangeran?” (Mat. 5:45-47) Maranéhna sadar kudu nyonto Yéhuwa nu béréhan ka kabéh jalma. Jadi ayeuna, maranéhna ngondang sadérék-sadérék nu saacanna tara diondang. Ceuk Doni, ”Urang kabéh ngarasa bungah pisan. Urang ngarasa dikuatkeun.”
19. Naon nu ngabuktikeun yén urang téh murid Yésus, jeung naon tékad Sadérék?
19 Urang geus ngabahas yén kanyaah ka dulur saiman ngajurung urang ngupayakeun karukunan, teu ngabéda-béda, jeung béréhan. Ulah nepi ka aya nu ngahalangan urang mikanyaah dulur saiman saiklas-iklasna. Ku kituna, urang bakal bagja jeung katara yén urang téh murid Yésus nu sajati.—Yoh. 13:17, 35.
KAWIH 88 Ajar Abdi Jalan Gusti
a Yésus nyebutkeun yén kanyaah téh ciri urang Kristen nu sajati. Lantaran nyaah ka dulur saiman, urang kajurung pikeun ngupayakeun karukunan, teu ngabéda-béda, jeung béréhan. Ieu bisa jadi teu gampang. Dina artikel ieu, bakal dibahas saran-saran sangkan urang bisa mikanyaah dulur saiman saiklas-iklasna.
b Sababaraha ngaran dina artikel ieu geus diganti.
c KATERANGAN GAMBAR: Sanajan gagal waktu nyoba ngaréngsékeun masalah, saurang sadérék istri teu nyerah. Manéhna terus upaya jeung ahirna bisa akur deui.
d KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék nu geus kolot ngarasa euweuh batur di sidang.
e KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék istri mimitina asa-asa narima tamu, tapi manéhna ngarobah cara pikirna jeung ahirna ngarasa bagja.