PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • wp21 No. 1 kaca 14-15
  • Na Enya Doa Bisa Ngabantu Urang?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Na Enya Doa Bisa Ngabantu Urang?
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2021
  • Bahan nu Sarupa
  • Kurnia Mangrupa Doa
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Beuki Deukeut jeung Allah ku Cara Ngadoa
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Na Doa Urang Didéngékeun ku Gusti?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2021
  • Kumaha Supaya Doa Urang Didéngé ku Gusti?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2021
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2021
wp21 No. 1 kaca 14-15

Na Enya Doa Bisa Ngabantu Urang?

Ku sabab boga panyakit kangker, Pamela néangan dokter nu ahli pikeun ngubaran manéhna. Pamela gé sok ngadoa ka Gusti ménta kakuatan supaya bisa nyanghareupanana. Na enya doana bisa ngabantu manéhna?

Pamela nyarita, ”Waktu keur diubaran, abdi téh asa sieun pisan. Tapi, sanggeus ngadoa ka Allah Yéhuwa, parasaan téh jadi tenang jeung teu pati sieun deui. Nepi ka ayeuna masih karasa nyeri pisan, tapi doa ngabantu abdi supaya teu aral. Waktu batur nanya parasaan abdi, abdi ngomong, ’Mémang awak mah masih kénéh nyeri, tapi abdi tetep sumanget!’”

Mémang, lain hartina urang ngadagoan nepi ka aya masalah nu beurat heula kakara urang ngadoa. Unggal jalma pasti boga masalah, rék nu leutik, rék nu gedé. Urang kabéh tangtu butuh bantuan pikeun nyanghareupanana. Na enya doa bisa ngabantu urang?

Kitab Suci nyebutkeun, ”Pasrahkeun kasusah maneh ka Allah, Mantenna tangtu ngaraksa; Mantenna moal ngantep jelema bener eleh.” (Jabur 55:23) Nu dicaritakeun Kitab Suci téh bener-bener nengtremkeun pisan! Jadi, na enya doa bisa ngabantu Sadérék? Waktu Sadérék ngadoa ka Allah ku cara nu bener, Allah bakal méré bantuan nu diperlukeun ku Sadérék.​—Tingali kotak ”Naon Mangpaat Doa keur Urang?”

Naon Mangpaat Doa keur Urang?

Katenangan pikiran

Lalaki nu kaleungitan pagawéan ayeuna bisa bungah deui.

”Unjukkeun ka Allah saban neneda . . . katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus.” (Pilipi 4:6, 7) Waktu Sadérék ngabudalkeun eusi haté ka Gusti, Mantenna bisa ngabantu Sadérék tetep tenang. Ku kituna, Sadérék bisa nyieun putusan nu bijaksana sanajan keur strés.

Kabijaksanaan ti Allah

Awéwé nu tadina ngadoa maké buku doa, ayeuna keur maca Alkitab.

”Lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah supaya dipaparin kabijaksanaan, da Allah mah sipat murah jeung welas asih.” (Yakobus 1:5) Waktu urang keur nyanghareupan masalah, biasana putusan nu urang jieun bisa salah. Tapi lamun Sadérék ngadoa ka Allah ménta kabijaksanaan, Mantenna bakal ngingetkeun deui Sadérék kana naséhat-naséhat tina Kitab Suci.

Kakuatan jeung katengtreman

Salaki pamajikan nu tadi aya di rumah sakit, ayeuna keur leumpang di taman. Salakina ngabantuan pamajikanana nu leumpang maké tongkat.

”Hirup nu kumaha bae oge, simkuring mah kuat nandanganana. Tangtu eta teh lantaran dikuatkeun ku Anjeunna.” (Pilipi 4:13, Sunda Formal) Yéhuwa téh Gusti nu Mahakawasa. Teu sual sakumaha beurat masalahna, Gusti bisa nguatkeun Sadérék supaya tetep tabah. (Yesaya 40:29) Kitab Suci nyebutkeun, Yéhuwa téh ’Rama anu maparin kategeran hate’. Yéhuwa gé bakal ”ngalilipur urang dina kasusahan anu kumaha bae oge”.​—2 Korinta 1:3, 4.

MANGPAATNA DOA KEUR SADÉRÉK

Sanajan Yéhuwa hayang urang ngadoa ka Mantenna, tapi Yéhuwa teu pernah maksa urang. (Yermia 29:11, 12) Kumaha lamun doa Sadérék asana teu dijawab-jawab? Ulah nyerah jeung leutik haté. Sakapeung, saurang kolot gé teu langsung ngabulkeun paménta budakna. Atawa, meureun kolotna teu ngabulkeun ku cara nu dipiharep ku budakna. Bisa jadi kolotna boga cara nu leuwih alus. Tapi nu pasti mah, kolot nu nyaah ka budakna bakal mantuan budakna.

Gusti Yéhuwa téh kolot nu paling nyaah ka Sadérék. Jadi, Yéhuwa pasti hayang mantuan Sadérék. Lamun Sadérék bener-bener nuturkeun pituduh nu dibahas dina majalah ieu, Allah pasti bakal ngajawab doa-doa Sadérék ku cara nu panghadéna!​—Jabur 34:16; Mateus 7:7-11.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun